Minggu, 26 November 2017

Drakuli

Sariak layung ngempur hurung nyaangan unggal lulurung
Waktu layung undur ti lembur
Cirining burit manjing ka peuting
Diantara jalma nu keur mapag impianna sewang-sewang, aya jirim lalaki nu lilir tina sarena. Kahudang ku hawa aheng nu nyimbutan peuting harita. "Naha peuting teh asa beda ti sasari, bet asa hareudang karasana" Galecok hatena. "Meuli teh sisir gula batu seger sigana. Enya ah, sugan aya warung nu buka" Gerentesna.
Sihoreng ki ahmad, lalaki tengah tuwuh, nu keur kaeunteupan ku rasa hanaang tengah peuting harita, manehna nguniang hudang bari ngadongkang cangkir, leguk nginum. Jung nangtung nu diteruskeun ku leumpang kaluar ti imahna, teu poho kretekna diseuneut heula, laju ngalampah. Ki ahmad ngingkig ka warung nu di tuju, tapi teu bisa ngantep batinna anu ngarasakeun geteran yen peuting harita aya hawa anu beda. "Duh, enya. Siga aya kila-kila datangna bahaya. Tapi naon? Deuh! Nyaan udud karek tilu kenyot jol rag-rag deuih!" Galecok jero hatena nu dieuntreupan ku kasalempangan.
Lengkah manehna kandeg lebah gedong sigrong nu keur diomean wangunanna, rentang-rentang kaciri aya dua jirim nangtung bangun siga nu keur nandangan kabingung, tuluy disampeurkeun ku ki ahmad bari ditanya. "Keur naraon tengah peuting kieu ngajarentul diluar jang? Siga nu bingung" Tanya ki ahmad neuteup ka eta dua jirim dihareupeunnana. "Heh... Geuning ki ahmad. Leres aki, abdi abdi teh nuju bingung, manawi atuh aki tiasa nulungan" Ceuk salah sahiji jirim nu nyatana eta dua jirim teh ngarana empep jeung ijon. "Menta tulung naon ieu teh? Asa ku rareuwas kieu dewek mah." Tanya ki ahmad semu heran. "Kieu ki ahmad, di lebet aya rerencangan abdi si odon nuju ngalempreh, paripaosna siga nu teu aya tulangan warugana teh, ari nu jadi marga lantaran nyaeta diseueup kesangna ku mangkeluk anu katelahna drakuli" Kitu ceuk empep nu dibarengan ku unggeuk ijon tanda ngabenerkeun eta kajadian. "Ke.. Keee.. Drakuli? Saha drakuli teh? Asa karek ngadenge dewek mah" Tanya ki ahmad bari kerung. "Muhun drakuli, mangkeluk nu jadi teror di ieu lembur, tukang nyeuseup kesang batur ki. Itu oge batur abdi si odon nuju masang gipsun diseuseupna teh da panginten luut-leet kesangna" Tembal empep ngajentrekeun. "Malah ari saur nu kantos janten korban mah waruga nu tos diseuseup kesangna teh bakal ngarasa leuleus, teras nyaliara janten panyawat tipes ki, kawilang seueur korbanna oge" Ceuk ijon mairan. "Oh kitu nyah, hmmm... Teu bisa diantepkeun ari kitu mah. Kudu di tindak, jang!" Tandes ki ahmad. "Muhun ki, aya eta oge sawatara jalma nu moro ka eta mangkeluk teh tapi teu wae nimu hasil nu dipiharep, nyaeta bisa leupas wae ki, lingas ki." Ceuk ijon neuteup seukeut ka ki ahmad. "Hmmm.. Memang bakal rada hese nundukeun eta mangkeluk teh jang, kudu ku jalma nu pinuh ku elmu jeung jembar pangartina" Tembal ki ahmad nu geus bisa nyawang yen eta drakuli teh lain mangkeluk samanea nu bisa disinghareupan ku jalma-jalma biasa. "Ayeuna mah kieu weh, batur hidep si jang odon sina ngambeu cai molto, tah salah saurang wayahna gedor bah somantri, bejakeun weh sakumaha kajadiannana, abah somantri nyaho ubarna" Parentah ki ahmad ka empep jeung ijon, nu duannana unggeuk tanda kaharti. "Tah ayeuna dewek deuk ngudag eta mangkeluk drakuli tea, sugan can jauh inditna. Sugan jeung sugan aya milik pikeun nundukeun eta mangkeluk teh, pidu'ana wae ti maraneh nyah" Ki ahmad neruskeun caritaannana. "Muhun ki, didu'akeun pisan. Kade aki sing ati-ati" Ceuk empep ngawanti-wanti. "Heueuh. Heug nyah, aki deuk indit heula yeuh" Pamit ki ahmad ka empep jeung ijon bari ngabengbeos lunta ti eta patempatan.
Peuting beuki jempling, sabangsaning papaes peuting nu biasa nyaring bet ngahephep simpe, siga nu surti yen bakal aya kajadian nu matak bahaya pikeun eusi pilemburan. Tapi naon?
Teuing... Saukur sora dampal sendal indian nu silih gesrek jeung taneuh garing nu baris nyaksian eta kajadian. Nyatana eta sora sendal teh sora sendal ki ahmad nu leuwih gancang batan tadi lengkahna...

Anjog ka tengah tegalan, taneuh lega paranti arulin barudak mangsa beurang, harita ki ahmad keur menekung kanu maha agung, muja brata ka hyang maha sukma, muserkeun tanaga bari dirina tetep sayaga bisi aya jirim nu narajang ngabongohan.
Cekesss! Wush... Ki ahmad laju nyeuneut kretekna. Keur jelema nu geus nyaho ka ki ahmad mah moal heran deui lamun nempo ki ahmad mangsa patutunggalan jeung lawanna sok bari ngelepus udud, lantaran dina sabagean elmuna aya jurus ngabuleud-buleud haseup, nyaeta elmu hasil tina neuleuman elmu abahna nu katelah abah sadeli. Ki ahmad ngareret ka sakuriling eta tegalan, tuluy ngadapang ngawangun leungeun kenca katuhuna mancuh dina luhur taneuh, bari biwirna nyapit udud, ki ahmad lalaunan naek turunkeun awakna. Lantaran geus kajudi ku ki ahmad, pikeun ngondang eta mangkeluk drakuli teh kudu ngaluarkeun kesang anu kacida lobana. Bener weh, sanggeus ki ahmad pus-ap aya kana limaratus kalina, aya kalangkang hideung anu jojorelatan ngurilingan tangtungannana, nu moal bireuk deui yen anu jojorelatan eta teh nyaeta mangeluk nu katelah drakuli. Ki ahmad kaciri nguniang hudang, jung nangtung ngajegkeun deui awakna.
Sora anying kapireng babaung silih tembalan sapada harita, bareng jeung belegbegna hiji jirim nu katelah drakuli ngabedega. "Saha andika hmh? Naon pangna ngondang kula ka ieu tempat?" Ceuk drakuli handaruan. "Ehmh, kuring nu katelah mah ahmad. Dumasar kana beja nu katampa, aya nu deuk dipastikeun ku kuring, cenah anjeun anu sok nyeuseupan kesang batur teh, naha enya?" Tanya ki ahmad neuteup seukeut. "Memang heueuh. Ngan lain urusan andika, montong coba-coba milu kana urusan kula!" Tembal drakuli nembongkeun paroman beungeutna anu barangasan "Hampura weh ayeuna mah geus jadi urusan kuring. Sabab kuring moal mikeun lamun aya deui korban tina laku anjeun anu sakur nebarkeun mamala ka sasama" Ceuk ki ahmad nu bentik curukna nunjuk ka drakuli. "Jha ha ha... Oh teu narima nyah? Jh jha ha ha... Sia ayeuna mah nu kudu diseuseup kesangna teh hah!" Ceuk drakuli nu mimiti kahudang amarahna. "Ulah waka kuring, tuh seuseuhan kuring ge satambruan ari enya mah beuki kana kesang" Ceuk ki ahmad ngahaja sangkan kahudang amarah nu jadi lawan. "Set*n teh! Nganggap tungeu ka aing hah? Ngahina sateh ka aing? Cucungah siah!" Drakuli beuki ngentab amarahna, sihungna kaciri ranggeteng, huntuna kekerot. "Sok maju, kuring mah seja ngabela bebeneran" Ceuk ki ahmad bari nyintreuk calacah ududna "Nyeah loba sungut siah set*n! Sok ketrukeun pangabisa sia teh, tadah yeuh panarajang aing" Tembal drakuli nu saacan narajang teh nyelang ngareret heula ka ududna ki ahmad.
Drakuli kaciri awakna jojorelatan dina elmu cucunguk hibeur, ki ahmad oge ngawangun tangtungan pikeun nadah panarajang nu jadi lawan dina elmu rungkup sair. Sieut! Sieut! Hap! Hap! Sieut! Hiat! Diluar sangkaan ki ahmad, si drakuli ngagabungkeun elmu cucunguk hibeurna jeung elmu emak-emak naek metik, gabungan dua elmu anu kacida teu bisa ditebak panarajangna ku ki ahmad, nu antukna ki ahmad kapalingan reret, atuh tangtuna weh jadi peluang pikeun drakuli ngasupkeun teunggeulan leungeun kencana dina iga burung lawan, ari leungeun katuhuna harita sakocepat nyamer udud tina ramona ki ahmad. Hap! Sieut... Jekuk! Seut! Jengkang... Ki ahmad ngajengkang katukang, tapi teu lila nguniang hudang deui bari muringis "Tetela, elmu si drakuli memang lain elmu biasa, kacida cepetna narajang ka dewek, malah udud dewek bisa disamer ku manehna. Ehmh, nyaan dewek kudu leuwih waspada ieu mah" Ceuk ki ahmad ngagerentes jero hatena. "Karasa siah ahmad? Jha ha ha.. Ieu jimat sia teh hah? Geus kapaling ku aing ayeuna mah. Jha ha ha.. Beuki samsu ning?" Drakuli nyakakak bungah lantaran ududna ki ahmad geus aya dina kawasa ramona. "Memang, dewek mah samsu wae ti bubudak, malah sakapeung osok oge meuli garpit, tapi teu siga anjeun ngalinting kuntung sesa peuting" Tembal ki ahmad ngahaja sangkan nu jadi lawan kahudang deui amarahna. "Gobl*g! Teu sudi abrig-abrigan teu suka aprak-aprakan aing dijejeleh ku jelema model sia hah!. Peuh! Ku aing balikeun deui yeuh jimat sia teh!" Drakuli nyiduh kosong bari ngabetrikeun udud ka ki ahmad. Cleng! Wzwzwzwz.. Hiat! Plos. Ngeplos. Sabab ki ahmad kaburu luncat dina elmu pancir birit. "Jha ha ha... Dengekeun ku sia ahmad! Pokona mah pikeun saha wae nu ngahalangan pamaksudan si drakuli, wajib diala pati!" Ceuk drakuli neruskeun caritaannana. "Ehmh, pikeun kuring moal serab atawa jejerih ku pati mangsa adu hareupan jeung anjeun, sabab kuring yakin gusti anu ngersakeun sagalana." Tembal ki ahmad anu sadrah sumerah ka nu kawasa.
"Nyeah! Loba pepeta siah bangs*t! Geura sambat kolot sia sabab peuting ieu peuting pamungkas pikeun hirup sia ahmad! Jha ha ha" Ceuk drakuli nu geus yakin elmu nu dicangkingna baris bisa maragatkeun nyawa nu jadi lawan. "Teu kabeuratan pikeun simkuring, ayeuna urang buktikeun... Kuring atawa anjeun anu bakal ngarasakeun hirup anu panungtungan" Tembal ki ahmad tandes.
"Nya tangtu siaaa ahmad! Tadah yeuh!" Tembal drakuli nu teu nunda waktu deui pikeun narajang nu jadi lawan, malah ayeuna mah manehna teh hayang langsung ngadu kakuatan tanaga jero ngaliwatan elmu tepak reungit. Ki ahmad gancang nadah panarajang ti nu jadi lawan dina elmu sarining sopel anu ngahasilkeun sakujur awakna dikuriling ku hawa anu peuheur karasana. Jorelat, jleng! Hiuk! Wuuussssssshhhhhhhh!

Dina mangsa lumangsungna tarung antara ki ahmad jeung drakuli, di hiji tempat anu lian, abah somantri sasatna keur ngubaran odon nyaeta baturna empep jeung ijon. Kaciri biwirna abah somantri gegerenyeman, mapatkeun jampe ka odon anu jadi korban katelengesan mangkeluk, anu katelah drakuli "Cik menta cai kana gelas jang" Ceuk abah somantri sarengsena jajampean. Ijon teu ngaengkekeun deui, manehna langsung indit nyokot cai ka tukang. "Ieu bah" Sor cai ka abah somantri. "Cai naon ieu?" Talek abah somantri ka ijon. "Cai leueuteun bah" Tembal ijon pendek. "Heueuh, abah geus garing tikoro ieu ti tadi teh" Ceuk abah somantri bari leguk nginum. "Tah ieu, siki hajeli. Goreleng-goreleng weh kana sakujur awakna nya" Abah somantri nyarita deui bari kusiwel nyokot siki hajeli tina saku bajuna. Empep nu nampanan tuluy langsung ngagoreleng-goreleng siki hajeli ka awakna odon, sanajan dina hatena mah nganaha-naha, naha make jeung kudu ku siki hajeli, tapi ari betus mah henteu ngan saukur delek-delek weh dua panon empep ka abah somantri. "Montong loba mikir sarkapep! Abah mah geus leuwih nyaho deuleu" Ceuk abah somantri muncereng ka empep. Empep ngeluk tungkul balas ku reuwas, sabab abah somantri geus nyaho kana eusi pikirna. "Gugu weh pep" Ceuk ijon nyiku leutik ka empep.
Sarengsena siki hajeli digoreleng-goreleng ka sakujur awakna odon, abah somantri laju nyarita deui "Geus cukup, tungguan weh ubarna sina rerep" Ceuk abah somantri ka empep. Empep teu nembalan, ngan saukur ngeser diukna ngadeukeutan ijon. "Abah bade ngopi?" Ceuk ijon nawaran. "Komo jang, ngan teu mawa ududna abah teh tadi rurusuhan atuda" Tembal abah somantri rumpu-rampa kana pesakna  "Nyondong ieu bah sesepeun mah" Empep mairan bari sor udud ka hareupeun abah somantri. "Heueuh atuh, cikan kopina kadieukeun jang" Ceuk abah somantri ka ijon. "Sakedap bah, da teu acan ninyuh" Tembal ijon bari cengkat laju ka tukang. "Aeh acan. Ieu weh heula atuh nya" Ceuk abah somantri deui bari gep kana udud, cekes, bul bul bul abah somantri ngaluarkeun haseup tina biwir jeung irungna. "Abah sedep bandros?" Ceuk empep nanya. "Nya komo jang" Tembal abah somantri teu kagok deui. "Sami abi ge bah" Ceuk empep ngabelengeh. "Bebel siah. Sugan teh aya, boro pantes jeung kopi hideung mah, tegep" Abah somantri satengah miharep. "Hehe... Hapunten abah, si kapep mah tukang ngeleg" Ijon nyampeurkeun bari mawa kopi ti tukang, laju di teundeun dihareupeun abah somantri. "Ah keun bae, da teu angapan abah mah,heuheuheu" Tembal abah somantri bari gap kana gelas cikopi, laju disuruput lalaunan.
Wanci nincak janari leutik, harita abah somantri, ijon, jeung empep, ngemitan odon nu keur katarajang racun si drakuli, bari ngawangkong ngaler ngidul anu sakapeung diembohan ku babanyolan. "Sanes bah, da ayeuna ki ahmad teh nuju mayunan mangkeluk drakuli tea, kumaha tah saur abah?" Ceuk ijon tumanya ka abah somantri. "Abah mah percayalah ka ki adi, manehna pasti sanggup ngungkulan eta mangkeluk drakuli teh, tapi nya kitu moal ku waktu anu sakeudeung jeung tanaga anu saeutik jang" Tembal abah somantri neundeun kayakinan kana kaayaan ki ahmad. "Naha nya bah ayeuna mah asa araraneh kajadian di lembur urang teh?" Empep ayeuna mah nu nanya. "Eh, apan di dunya jang, ulah aneh kade, romantika kahirupan eta teh. Ngan sakabeh kajadian, moal jadi tanpa sabab, pasti aya sabab jeung jalan kaluarna sewang-sewang eta mah" Tembal abah somantri deui. "Kumaha saupamana ki ahmad anu eleh bah? Meureun mangkeluk barangasan eta teh beuki tanasa ka papada urang?" Empep ngebrehkeun kasalempangna. "Atuh keun wae, apan tadi tea ceuk abah, sakabeh kajadian aya jalan kaluarna, ku saha bae, ku naon bae, jalanna mah. Tah didieu hidep kudu ngarti, pangabisa maraneh teh lain keur agulkeuneun, tapi keur pakeeun, nyaeta pake keur tutulung kanu butuh, tatalang kanu susah." Tembal abah somantri nu teuteupna silih genti ka empep jeung ka ijon. "Maksadna bah?" Tembal empep teu ngarti. "Kieu upamana, hidep bisa masang palapon, tah kabisa eta teh pake keur kanu butuh. Ayeuna moal mungkin, hidep manggih nu keur ngawinkeun jol terekel weh kaluhur ngarak-rak palapon imahna, meureun teu dibuburak kunu boga hajat...heuheuheu" Tembal abah somantri nu seuri bari ditungtungan ku ngehkeh batuk. "Oh... Enya, enya" Tembal empep geus kapikir.
Ari harita ijon mah saukur serengeh-serengeh weh ngabandungan baturna nyaeta empep keur ngobrol jeung abah somantri teh, hatena can bisa reug-reug sabab baturna hiji deui nyaeta odon masih keneh dina kaayaan mangsalempangkeun.
Barang keur uplek ngarobrol, tiluannana digareuwahkeun ku sora odon anu ngagarawak "haluuuhhh, halaaahhh..." Tiluannana kaciri ngarenjag reuwas, tapi abah somantri mah geus rikat, manehna langsung nyampeurkeun ka odon. Tel leungeunna abah somantri kana tarang odon. "Istigfar jang. Sok istigfar" Ceuk abah somantri bari nungtun odon ngedalkeun asma-asmana pangeran. "Kumaha bah ieu? Moal nanaon?" Ceuk ijon panasaran kana kaayaan baturna. "Moal jang, sok weh ngadaru'a. Ieu keur tarung yeuh ki adi jeung mangkeluk drakuli teh, pangaruhna nepi kadieu ka awak batur ujang." Tembal abah somantri nu geus bisa maca kana kaayaan odon. Harita ijon jeung empep silih reret, dina teuteup anu pinuh kasalempangan.
Nyatana enya weh nu kasawang ku abah somantri teh, di tempat lumangsungna tarung ki ahmad jeung si drakuli kaciri dua jirim pada-pada ngadayagdag katukang, alatan kapentalkeun ku bantrokan kakuatan tanaga jero anu sarua kuatna.


Harita ki ahmad rikat nutup peluang keur nu jadi lawan pikeun ngalakukeun panarajang susulan, sanggeusna mundur katukang manehna gancang ngawangun deui tangtungan dina elmu ngisikan beas, dampal sapasang leungeunna meber bari ngayapak kasisi kagigir. Hiaaaattt! Wusshhh! Dua leungeun ki ahmad mentangkeun panarajang ngaliwatan tanaga jero anu kacida tohagana. Tapi si drakuli teu polos kitu wae, ti barang datang ka eta patempatan dirina geus sayaga ku tanaga lapisan dina elmu teu kabagean jok, nyaeta mangrupa elmu tanaga jero pikeun ngalapis diri sangkan tangtungannana teu oyag sakumaha kuatna panggedor lawan. "Cilaka.. Elmuna si ahmad memang lain bantrak-bantrakeuneun yeuh. Mun seug aing teu dilapis ku elmu teu kabagean jok, teuing pikumahaeun nasib aing ayeuna, untung weh aing geus nyangking sakabeh elmu nu diturunkeun ti ka kang kanta kendekurnia nepi ka puncakna, lamun hanteu mah wah cilaka" Ceuk drakuli ngagerentes jero hatena bari nyawang kaayaan guruna anu tara leupas tina anduk leutik kameumeutna. Sabalikna ti eta, ki ahmad geus ngageter hatena, malah kasalempangan teh geus atra narembongan ayeuna mah. Sabab si drakuli bisa nadah panarajang elmu ngisikan beasna anu mangrupa elmu matih pikeun nambrukeun lawan sakumaha jagona. "He'eh, nyaan si drakuli teh, mangkeluk nanahaon ieu teh bisa tahan tina elmu matih nu biasa matak nambru sakumaha kuatna lawan. Tetela... Dewek kudu ngetrukeun sakabeh elmu ieu mah, pikeun ngungkulannana" Gerentes ki ahmad nu dibarengan ku robah paroman beungeutna, nandakeun yen manehna keur tatan-tatan rek mentangkeun elmu muara kasih bunda, nyaeta puncakna elmu tina elmu-elmu nu geus kacangking ku manehna. Leungeun kencana tetep panceg dina elmu ngisikan beas, tapi nu robah teh leungeun katuhuna ayeuna mah jadi masekon katukang, teu lila ki ahmad nyoara bari ngekedkeun dampal dua sukuna "Hmmmhhh.. Hmmmhhh.. Hut! Hiaaatttt!" Wusshh! Kolenyay! Cahya bodas kaciri nyurungkuy tina leungeun kencana nu ngageter melesat narajang ka nu jadi lawan. Wzwzwzwzwz... Teb! Teb! Teb! Sroookk.. "Owadoooohhh"  Si drakuli ngagarawak tarik bari ngajengkang katukang. Awakna nyangsaya dina amparan taneuh nu ngagurat alatan milu kabawa ku kakuatan tanaga jero anu dipentangkeun ku ki ahmad. Berebey getih moncor tina sela-sela biwirna, nandakeun yen manehna tatu di jero anu cukup parna. Drakuli kaciri renghap ranjug ngatur napasna bari ngadangahkeun beungeutna ka ki ahmad. "A-ing! Can e-leh ah-mmmad. A-ing can e-lehhh. Mem-mem-memang hmmhh sia ung-gul ayeuna. Tapi, hmhh tapi hmmhh can ang-anggeus ahhh-mmmadd. Dina, dina, dina mang-sa nu bakal datang, ai-ing bakal neang-an deui sia ahhh-mmmaddd" Kadenge si drakuli bisa keneh nyarita sanajan pegat-pegat. Sanggeusna nyarita si drakuli nguniang hudang, jorelat, jleng! Jleng! Jleng! Ngejat ninggalkeun eta patempatan. Ki ahmad ngan ukur ngarahuh bari mencrong ka tapak si drakuli nu geus leungit jirimna dileg-leg mongklengna janari, manehna sadar, dalah masing diberik sakumaha tarik oge bakal kandeg ditengah jalan, sabab dina mangsa ngawangun jeung mentangkeun elmu muara kasih bunda, kawilang teu saeutik ki ahmad ngetrukeun tanaga luar jeung jerona, nu antukna ki ahmad jadi beakeun tanaga.
Mangsa pepedut hideung nyingray ka sapih balebat nu ngembang ti belah wetan.
Ki ahmad masih keneh ngajanteng di eta tegalan, nengetan tapak lacak sesa bantrok kakuatan peuting harita, aya dua rasa nu ngancikan hatena, antara reug-reug jeung salempang. Reug-reugna nyaeta mangkeluk nu katelah drakuli teh geus nyingkah ti pilemburan, ari salempangna, salempang mangkeluk drakuli teh baris balik deui ka eta pilemburan pikeun males pati ka manehna. Tapi ki ahmad ngayakinkeun dirina. "Moal ah, moal mungkin balik deui, sabab tatuna oge kawilang parna, biheung cageur dina waktu nu tereh-tereh, jeung biheung deuih bisa cageur kawas mula." Gerentes ki ahmad jero hatena. Ngong adzan subuh ti tengah lembur, ki ahmad ngalengkahkeun sukuna ninggalkeun eta tegalan, niat rek meuli teh sisir gula batu mah sirna weh sigana teh, tapi teu ieuh jadi soal, malah aya rasa reueus dina jero hatena, lantaran bisa maneurikeun kahayang dirina pikeun ngutamakeun kapentingan balarea.

Cag ah, rampes!

Rabu, 04 Oktober 2017

Kila - kila

Jaladri kahirupan boga carita sewang - sewang, peuting jeung petengna, beurang jeung caangna.
Dina sela - sela tingcakakakna mangkeluk peuting, disaksian bulan narawangan, diri dipangpengkeun kana dadasar laku lampah sorangan. "Horeng enya ditalikung haliah dunya hungkul" Teu bisa kumaha, dibeulit mangrupa - rupa kahayang fana, pupulasan. Rek balik deui ka temah wadi, nyoba hanjat ka wiwitan, teu bisa! Lengkah geus dicangreud pangbibita anu matak nyiksa. Antukna ngagejebur kana sagara kanikmatan nu senyana tatu keur diri sorangan. "Kumaha?" Simpe. Ukur sora nu tingcakakak beuki aweuhan.

Kamis, 03 Agustus 2017

Ngajul Bulan

Disarakan langit lenglang, bulan ngabelenyehkeun imut, kawas anjeun! Bentang tingkariceup hayang eunteup, ngariung hayang tepung. Nu deukeut ukur ngaraga meneng. Nu jauh geus ngangluh. Biheung bisa amprok.
Bulan beuki anteng jeung imutna, disimbutan mega bodas, mega bodas kameumeutna. Nu dareukeut ukur bisa maling teuteup, nu jarauh mingkin heureut. Bulan geus di bulen, belenyehna ilang dikerekeb mega bodas, haseupna ngelun ka sabudeureun peuting, tobros ka poekna.
Lampu jalan cirambay, siga nu peurih kasaput haseupna mega bodas, lain! Tapi milu manghandeueulkeun ka nu ngangres disatengahing peuting. Kawas aing!

Duriat Nalaktak

Ngahurung balung ku tulang. Léngkah pugag, geus teu nyaho kudu kumaha deui pilampaheun. Rék wera, wera kumaha? Puguh haté teu weuleh léah. Rék ngejat, ngejat kamana deui? Sidik diri dikukuntit baé. Disieuh sieuh ngadon maneuh, dititah indit ngadon meulit. Bakating rungsing mah beunang dikerewek, tuluy dipékrék meunang sababaraha kali, dibadé badé téh bubuk, héh! Teu régrog, ngadon merejel deui. Dibabétkeun ngadon malikan cléng kana kongkolak panon, tuluy gugulantungan dina lalangit pikir, aclé - acléan dina embun - embun lamunan. Lain embung kapiluan, aya ku ayana kalah nyiksa, dipihapékeun ka wanci kalah motahan saban lulurung simpé, reup peuting teu weuléh ngangkir ngimpi, bray beurang teu weuléh ngondang gundam.
Dipulangkeun kanu jadi sabab, majar salah sorangan. Harrr.. Kumahakeun atuh? Diantep ngadon ngahanakeun, bungbeng matak baluweng, nénéangan cara kumaha ngarah sirna.
Teg! Inget, "Moal aya jajadian lamun teu aya nu ngajadikeunna na." Sanggakeun. Tengah peuting jemplang jempling, kulisik nyaring. "Nun Gusti, rungkadkeun mangandeuh duriat nu nyamuni dina gilir wanci" Duriat ngajaul, ngabelesur ka luhur langit dianteurkeun ku sujud sadrah.

Jumat, 16 Juni 2017

Nu Ngungkung Dina Kurung

Sanggeus ngaliwatan mangpirang - pirang léngkah maké ringkang nu jumawa, manéhna ngarandeg, nyanghareupan jungkrang. Léngkah anu bihari babari, kiwari bet rumpil, euweuh piliheun, kaditu kadieu pibalaieun. Antukna ngahuleng ngaraga meneng, les kapiuhan. 
Waragad tina warugana barijil hiji - hiji, laluncatan, siga nu atoh lan capétang.
"Majar cenah rék dibeureum rék dihideung kumaha Anjeun, tapi buktina mawa karep sorangan?" Sukuna mimiti ngurunyud.
"Ari dibéjaan ku cara lantip, teu daék surti" Ceulina neuteuli.
"Hak aing pikeun ngolah kalah dibuntungan" Leungeunna kekenyed.
"Tunggul dirarud catang dirumpak" Bayahna motah.
"Apan aing ogé ngalalakon dipaksa kudu nukang nonggong" Haténa ngereteg.
"Piraku kudu terus ngangklungan nu burung, ngendangan nu édan?" Kalangkang ringrang.
"Naha teu niténan cicirén kitu?" Panonna molotot.
"Rék hirup sorangan meureun?" Huntuna nyeletuk.
"Sorangan? Heueuh, sorangan sorangan pan?" Jantung milu nimbrung.
"Héh! Noyod wéh, degig!" Beuheungna nyeuleuweung.
"Hak aing pikeun ngemu geus teu digugu" Uteuk gogodeg.
"Omat! Hiji mangsa aing bakal teu bisa walakaya!" Tanagana tatahar.
"Kula ogé baris paragat" Urat milu pepeta.
"Tuturkeun wéh kumaha kahayangna, sabab kabéh aya balitunganna na" Umur ngurumuy ditungtun waktu, laju ka kulonkeun. Cag!

Jumat, 19 Mei 2017

Sasab ku polah sorangan

Lembur nu keur meujeuhna tiis tingtrim téh ngadadak geunjleung ku ayana nu cilaka lebah péngkolan. "Ceunah mah beuheung jeung sukuna misah" Ceuk Mang ohim ka baturna. "Muhun, teu kiat linu abdi gé mang, éta atuh leungeunna ogé kapanggih diwarung ceu opon keur ngeupeul géhu" Ceuk Jang endéd mairan. Kitu kurang leuwih guyurna eusi lembur.
Saprak kajadian tabrakan harita euweuh nu wanieun kumalangpreng tengah peuting, malah ronda ogé malipir teu wani ngalaliwat ka jalan péngkolan mah. "Hangru waé getih jang kadinya mah, keueung. Mening ka lebak, ngan kedah nyandak obor." Ceuk Hansip Entuy sanggeus kuring wakca yén rék ngaliwat ka péngkolan éta. "Oh kitu, nya wios mang, lahaola baé. Mangga dikantun mang" Pamit kuring bari neruskeun léngkah.
Anjog ka jalan cagak anu nyambungkeun jalan péngkolan jeung jalan satapak. "Duh, ka lebak poék, ka hareup keueung" Ngarandeg. "Nyéah da moal aya nanaonlah, bismillahi rohmani rohim, nyuhunkeun disinglar Gusti nu karitu mah. Amin" Gerentes haté ngawani - wani karep. Derekdek maca fatihah 7 balikan.
Tepung jeung péngkolan urut nu kacilakaan, dirérétan sabudeureunna, simpé, angin sumiliwir mawa seungit malati. "Srok!" Dampal suku dumadak lésang. Laju ditempo téh horéng keusik nu dipaké nyaeur getih. Bray! Kajadian nu geus kaliwat 3 poé katukang. "Didieu pisan. Ka jejek ku aing" Ngagerendeng. Rey, puringkak, séak! Lumpat sakalumpat lampét, teu nolih nu aya dihareupeun, didupak dirumpak. Sup ka buruan imah, brod! Panto ditubruk, plos kajero, purat pérot ngonci panto. "Alhamdulilah Gusti salamet" Bari ngusap dada tukangeun panto, rada reugreug. Kareureuhkeun téh hawa ngelekeb, tikoro garing, awak hanaang, balas capé, laju ulak - ilik. Ngajéngkang ka dapur, ngadongkang gelas kérélék cai minuhan gelas. Leguk! Nginum. "Alaaaahhh tiis kieu tikoro" Cag gelas ditunda. "Tok! Tok! Tok!" Sora panto diketrok. Gebeg! "Saha jam sakieu nu keketrok? Asa piraku nu namu?" Ngahuleng. "Moal kitu nu marakayangan? Tapi da ah! Amit - amit gusti!" Kasieun jeung kapanasaran ngajurung laku, keteyep ditoong tina hordéng, euweuh sasaha. "Tok tok tok tok tok!" Nu keketrok beuki kerep. Ditoongan deui. Weuleh euweuh sasaha. "Brug brug brug!" Beuki tarik. Uluh, gegedor euy ayeuna mah. "Nyéah mun enya téa mah ririwa, digelutan ku aing mah kagok!" Ngagidig ngawanikeun karep muru konci, laju dilaan, bray panto dibuka. "Ari sia saha kéhéd jol asup ka imah aing? Sia rék madog?" Jelema busekel sesentak. "Harrr! Ari aing di imah saha ieu?".

Rabu, 26 April 2017

Demi Wanci

Detik ka detik ngaleut ngaleungit
Menit ka menit ngantay paturay
Jam ka jam ngabring pairing - iring
"Euy! Kela dagoan, urang bareng?!" Teu lemek. Ninggalkeun gupay nu hamo kasorang deui
Nyesakeun tapak lalampahan
Keur pieunteungeun nuluykeun hanca nu bakal ka saba
Laju rengkak ngaberung dina manglambar - lambar amanah. "Iraha rengsena?"
Kabeh simpe.

Kamis, 16 Maret 2017

Miyuni sato

Manèhna teu inggis deui luncat ti tangkal ka tangkal, leungeun muntang ti règang ka règang, gugulawingan. Cle!̀ dina luhur kentèng. "Hèh? Siga lutung" Disidik sidik. "Sampurasun" Ceukèng rengkuh. "Rampès" Males rengkuh. "Hèh? Ning bisa ngomong?" Kuring gumerendeng, laju ditanya. "Kunaon anjeun aya didieu?" "Punten, di tempat kuring geus eweuh hakaneun" Jawabna nalangsa. Pikawatireun, "kèla sakedap" Ceukèng. Bari sup ka jero imah nèangan naon nu bisa di bikeun ka ieu mangkeluk. Kabeneran aya bontèng. "Ieu wèh, sugan beukieun" Bari gap di rawu. "Aya ogè nu kieu" Song di tambrukeun. Manèhna ngeteyep, tuluy di sogotan. Duh nyaah teuing. Sabot nempokeun lutung. Kapireng aya nu ting corowok lebakeun imah. "Aya?!" Sorana "Eweuh euy!" Ceuk baturna. "Bieu tèh kadieu" Manèhna mucunghul bari ulak ilik. "Aya naon kang?" Ceuk kuring satengah nyorowok. "Aya lutung bieu kadieu?" Tanya nu ngèlèk bedil. "Oh ieu nuju dipasihan bontèng" Tèmbal kuring. Lutung jongjon baè nyatu. "Eh! Halik urang bedil" Ceuk nu ngèlèk bedil. "Eh ulah watir! Da teu ngaganggu" Kuring nyarèk. "Urang nu tanggung jawab, sok sok bedil" Ceuk baturna mereketkeun "Deusss!" Pèlor tiis niruk walikatna. Lutung ngaced, kulapès, nambru, kekerejetan. "Geuwat peuncit!" Ceuk nu ngabedil. "Heueuh" Tèmbal baturna bari mesat bedog. Barang rèk dirampa lutung tèh ngorèjat deui, dumadak kukuna rancung, buntutna ngacung, sihung ranggètèng, buluna mamut, maluguran katebak angin, lutung bet ngudar kulitna. Jleg! Janggèlek jadi satria gandang, diraksukan sarwa bodas, rambutna ngarumbay diulinkeun hiuk angin "Guruminda!" Aki kuring nyelengkeung. Kuring jeung nu sejèna bati arolohok. "Enya! Mèmang kula! Sono ka aranjeun, anak-incu. Tapi aranjeun bet tèga ngarogahala" Guruminda dumareuda. "Aingah lain turunan monyèt. Ieu mah lutung kajajadèn!" Ceuk nu moro bari mecatkeun pèlor tina bedilna. Guruminda gogodeg. "Tingbelesur" Guruminda ditèmbak merekpek. Teu règ rog. Istuning rikat. Pèlor nu tingbelesur dikeupeul ku Guruminda, dipurulukeun jadi kekebul. "Aranjeun leuwih sato tibatan sato!" Guruminda nyupata sabot ngagebleg jadi sakeprul kekebul ngalayang ka alak paul.

Sabtu, 04 Maret 2017

Nimu Luang Tina Burang

Kiwari...
Urang didieu, poe ieu, lantaran ku ayana lalakon urang di mangsa ka tukang. Anu hade anu goreng geus tangtu, bungah jeung susah silih genti, anu mana nu ngancik kiwari kudu ditarima ku kasadaran jeung sadrah ka pangeran.
Syukuran kanu MahaNa, sangkan datang kasugemaan, boh ngeunaan nu geus ka hontal atawa nu rek dihontal ku urang lantaran manusa mah payus mun kasebutna "gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi", moal aya sugemana, moal aya wates rengkakna iwal ti kudu syukuran kanu mere hirup.
Ayeuna rek naon wae pagawean nu dilakonan, nu penting hade keur urang, teu ngarugikeun batur, teu papalimpang jeung agama katut darigama. Lakonan ku cara ikhlas, jujur, tur junun, teu kudu aral lamun manggih katugenah, dimana datang untung syukur, dimana panggih jeung rugi nya sabar, leukeunan weh sakumaha paribasa buhun "Ngeureuyeuh nikreuh sanajan bari pateuh yakin luhurna gunung bakal aya disahandapeun mumuncangan" luyu jeung katerangan pangeran nu netelakeun "Lamun keyeng tangtu pareng"
Yakin weh urang mah kana sagala katangtuan mantenNa, ulah kabawa ku sakaba - kaba, pigawe ku pinuh rasa tanggung jawab, sing bisa nyekel kapercayaan batur ka urang, ulah arek dilalaworakeun. Ulah pedah geus dibere kapercayaan jadi asal migawe, anguran mah jadikeun pangabdian, ngabdi kana jalan syareatNa, ngabdi kana jalan hakekatNa, sakumaha karuhun urang nyontoan yen pagawean teh dijadikeun "cukang lantaran keur ibadah" dibarengan ku miharep ridho nu kawasa, kadituna moal sasab mikiran nu henteu - henteu, komo nepi ka dudupak rurumpak, wani cocorokot kana hak - hak batur, ngahalalkeun sagala rupa cara ngagugu nafsu saliwatan, saestuna eta teh kahayangna setan.
Jeung deui, teu kudu dumasar kanu geus kungsi kacekel ku urang wae pagawean teh, tapi naon weh anu rek atawa keur di pigawe ayeuna jadikeun media pikeun urang ngasah bakat jeung ngulik pangarti, ngolah pangabisa, sangkan ngajadi cecekelan/kaahlian urang, lantaran cenah ti mimiti urang gumelar ka pawenangan teh geus dibekelan kabisa sewang - sewang anu kudu dipanggihan "dipanggihan nya! lain datang sorangan".

Cindekna diri urang jadi ngarti, ka asah ku pangabisa, ka sipuh ku pangaweruh, kadituna nu jadi udagan geus lain deui banda pangaboga tapi sakumaha manfaatna awak urang keur balarea. Sabab eta jerona awak manusa mah, "manfaatna". Cag ah. Rampes!

Selasa, 14 Februari 2017

Réngkénékna Pamadegan

Rada reuwas basa manehna anyaran wakca sok nyanyi ti panggung ka panggung teh, enya oge teu ka talian kontrak. Ngan anger weh pikir mah jadi hariwang, lain pedah sok gutak - gitek, rerengkenekan jeung lalaki nu lian, ngan sahanteu na aya wae lalaki anu cunihin mah sanggeus rengse manggung teh, nyiar pitimburueun kuring.
"Hobi hungkul da kana nyanyi mah, sareng nambih - nambih kanggo jajan, teu kenging melang nya kang!" Ceuk manehna mertelakeun. Memang da mun keur ngahariring teh kadanguna sok matak waas, saliwat mah sorana aya sora teh nining meida an, kaselang ku dewi persik da aya serakan saeutik. "Nya teu sawios ari kitu mah, asal sing tiasa jaga diri weh" Ceukeng meupeujeuhan. Bari na hate mah angger melang, atuh keur meujeuhna pogot tea sok asa sagalana nu urang.
"Upami sono mah stel ieu" Hiji waktu manehna ngasongkeun kaset. "Oh, muhun sae, nuhun" Ceukeng bari diilikan. "Aya pidioan ieu teh?" Tanya kuring. "Kantenan atuh, enging dilalajoanan srg baturnya, isin.hehe" Seuri leutik. "Make isin? Ari aselina henteu isin?" Ceuk kuring malik seuri. "Isin ari ku rerencangan engkang mah atuh" Tembalna ngadilak. "Siap" Ceuk harita.
Ganti wanci, ilang bulan teh eweuh nu pimelangeun, estuning aya dina lalakon anu dipiharep. Teuing ti mana jolna da harewos teh beuki teu kahalangan, yen manehna kudu ulah ngajual sora deui, beuki deukeut antawis eusi hirup urang jeung manehna beuki kuat oge pamadegan kuring ka manehna kudu leupas tina eta karesep. "Atuh ngahariring mah karokean weh di bumi, ulah manggung deui" Mere bongbolongan. "Atuda kurang seru ih, barosen da" Tembal manehna jamedud. Beuki kuat manehna nembal, beuki kuat kuring nyarek. Nu antukna leah oge manehna teh, geus tara kadenge deui menta panyumanget, atawa du'a, enya oge teu weuleh di du'akeun mah sing beuki geulis. Heuheu... Beuki lila, beuki jarang ngabaran teh, panggih oge saliwat - saliwat, paribasa maturan heula dulur ka anu, kalan - kalan manehna anu nepungan kuring, nyeta sok jeung dulurna tea, nya percaya weh harita teh da keur mah eweuh pikiran goreng.
Tilu bulan kalarung kontekan beuki ngurangan, kabar beuki carang. "Teu pengkuh kana jangji!" Balesan sms sanggeus ditanya naha bet robah. "Jangji naon?" Tret kirim. "Kapungkur mah tara baha, nyumangetan wae abdi, anjeun nu robah mah" Walerna deui. "Uluh jadi 'anjeun'. Na kumaha kapungkur?" Tanya kuring. "Naha hilap? Teu kaabotan pikeun abdi diajak kasaean mah, nanging ngarobah pamadegan abdi dina nyanyi mah hapunten we kajeun tebih, nyanyi mah hirup abdi. Toslah ulah nganaha naha deui, tengetan weh cariosan abdi kapengker!" Ngembang boled. Ngabuntut bangkong.

Sabtu, 11 Februari 2017

Jati kasilih ku junti

Teuing ti luhurna teu surti, teuing ti handapna poho ka temah wadi.
Pikeun kuring, kakuatan urang mah aya dina caina, aya dina taneuhna, aya dina angina, aya dina mataharina atawa sok di artikeun seuneu, pucukna dina kabhinekaan asal tina kecap beraneka ragam kabudayaan, suku, agama, jeung nu sejenna anu geus di gundukeun dina wadah pancasila gumulung jadi hiji patekadan. Ngeunaan nu tadi di sunda mah sok di sebut opat ka lima pancer, nu opat manceran atawa mageuhan kanu hiji jadi raket rasana, rasana sareundeuk saigeulna, rasana sabobot sapihaneana, rasana sabata sarimbangana, hiji nu usik diusikeun ku sakabeh.
Kiwari, lain kiwari ketang ti mangpuluh taun ka tukang geus aya sakola teh, lolobana mah diajar elmu luar enya sebut weh semah, memang teu salah elmu mah naon bae serep, ngan kabebenjokeun teuing urang teh, elmu nu dibutuhkeun ku lemah cai sorangan mah teu di teuleuman. Antukna, nya ieu kuring oge di gawe dina elmu bawa semah sanajan dunungan mah lain semah, memang reueus sabab teu loba nu meunang gawe siga kuring. Tapi leuwih reueus lamun kuring jadi tukang pengendali air, atawa pengendali taneuh ladang nyuprih elmu teh, enya di lemah cai kuring sorangan. Naon sabab kuring mikir kitu? Tuh! Nu pinter mah ngalayah ngan leuweung, laut, gunung, ngadon beak di sasaak, di gadabah mineralna ku semah, hartina can barisa ngajawab kana kabutuhan lemah cai sorangan mah, saukur gelar bari jeung gelar nu di gantungkeun dina catetan semah keur pakeeun semah keneh. Enya ceuk kuring maenya ceuk gelas. Barudak di sakolakeun laluhur oge kajeun mayar awis dimana geus kaluar sakola teh bingung keneh rek di gawe naon nya? Ngaku weh. Tuluy ngalamaran gawe, meunang cenah pagawean di PT.semah tapi cicing di lemah cai sorangan. Pasti maksakeun eta oge nya? Da kahayang mah tuang, ameng, nguliat, nya? Heueuh kawas kuring pisan pamikiran teh!
Ayeuna nu keur di eundeuk - eundeuk teh kabhinekaan urang euy! Enya nu karasa ku kuring maenya ku gagang payung. Ngan menta teh ulah parondok harepan weh nya, ulah eureun diajar, nu sakola sing palinter, sabab naon? Kanyataanna na urang masih keneh dijajah ku pamahaman anu ku urang sorangan oge teu paham. Wah! Boa nu di omongkeun ku kuring ieu oge kuring sorangan teu ngartinya? Tanyakan pada jari yang menari. Heu heu.. Atuh anu keur ihtirar dina jalan buburuh di batur oge sing sumanget nya. Mugia ageung milik sarerea, nagara Indonesia hirup deui kawas laguna, hiduplah Indonesia Rayaaa!
Cag ah, rampes!

Jumat, 10 Februari 2017

CARA MEMASANG ALARM SENTUH PADA SEPEDA MOTOR

Sampurasun.. _/\_
Malam itu yg disebut malam sabtu, saya sedang bertatap muka dgn hiruk pikuk malam. Krik krik krik. Naon cenah? Teuing :(
Oke! Langsung saja bre agar teu nyangkolong kana waktos.
Inilah cara memasang alarm sentuh pada sepeda motor. Disini saya ambil contoh alarm merk alsento yg dipasang di motor new vixion light sesuai dgn praktek saya juga euy!

Langkah pertama : siapkan kunci kunci, obeng, tang, korek gas, gunting, solatip hitam, jarum sol, cikopi, beuleum hui, serta wajah yg selalu senyum :)

Langkah kedua : buka cover body samping, cover tangki, cover kunci kontak, plat nomor, batok lampu depan, dan jok dgn alat - alat yg disediakan tadi bre. Kalau sudah, tong hilap cikopina sruput! Alaaahhh.

Langkah ketiga : Urut dari kunci kontak kabel sambungannya bre, yg berupa soket. Buka soketnya, copot kabel yg berwarna coklat (khusus yg warna coklat) lalu keluarkan dari soketnya menggunakan jarum sol, harus dgn kekaleman jiwa bre. Hihi
Kemudian kabel coklat dari jalur kontak dihubungkan dgn kabel warna biru dari alarm (kabel warna biru harus dipasang dulu jek laki-laki kecil). Dan kabel warna merah (kabel warna merah harus dipasang dulu jek perempuan kecil) dari alarm dihubungkan ke soket coklat yg jalur kabelnya dari kelistrikan motor.
Selanjutnya pasang kabel masa dari alarm yg warna hitam. Kalau pendek sambung aja bre, biar gampang langsung colok ke negatif (-) AKI.
Kemudian lap tangan, nikmati dulu beuleum hui bre, Pedo!
Sekarang lanjut ke kabel sensor yg warna kuning dan oren bre. Warna kuning pasang dekat kunci kontak, biar bisa dipegang ketika memutar kunci kontak, cieee dipegang cieee. Wkwkwk
Lalu kabel warna oren pasang disisi kiri body motor dan harus di covernya bre, jangan ada arus ke rangka motor bre, pokoknya di cover, boleh dibor buat baut baru yg tdk tersambung ke rangka motor atau di gabung sama baut yg sudah ada, kalau di vixion ada tuh baut utk merekat cover kecil yg didalam sama yg cover luarnya. Nah disitu aja bre. Awas! Kabel oren ini dilarang bersentuhan dgn negatif AKI yg ada dirangka/body motor bre. Duh cinta tak harus memiliki. Akakakak
Lanjut... Utk kabel warna hitam dan hitam garis putih dari alarm dipisah aja, kemudian di solatip ujungnya agar tidak bersentuhan hingga menimbulkan rasa saling memiliki :D. Karena fungsi dr kabel hitam dan hitam garis putih itu utk menonaktifkan alarm, jadi kalau mau di nonaktifkan tinggal sambungin bre.

Langkah keempat : Soket yg dari kontak tadi sambungin lagi seperti semula kecuali yg warna coklat itu bre, karena udh punya pasangan masing masing sekarang mah eum duh :(

Kemudian coba putar kunci kontak buzzer alarm akan berbunyi dan motor tidak bisa di starter. Lalu sentuh oleh tangan kiri sensor kabel oren yg disebelah kiri body tadi bersamaan tangan kanan sentuh sensor kabel kuning. Krik! Buzzer akan mati. Lalu cekeskeskes... Brum! Motor akan nyala.
Semoga bermanfaat.

Cag! Rampes!

Rabu, 25 Januari 2017

Ruruhit nu nyungkelit

Satadina mah ngahaja dipopohokeun. Da pamikir mah asa kadongdora mun seug diinget - inget ogé. "Si enéng osok kénéh ngahubungan ka aa?" Pananya si umih dina telepon. Leng! Ingetan mancaura jadi silalatu haliber euntreup na hateup katineung, laun - laun jadi haseup anu ngelun, jegur! Ngabebela disajeroning dada. "Bulan - bulan ka pengker asana aya, tp ayeuna mah teu aya" Diwaler saayana. Laju ngobrolkeun nu séjén, bari pikiran mah mawa ka mangsa lawas, nyaba ngaliwatan deui jalan cagak nu baheula. Apan didinya pisan, manehna ngagurat tetelar jalan ku tipe-x LANTAZ, anu pihartieunna "Dahlan uNeng Tetap Abadi Zalawazna" Cenah keur totondén, yén urang pernah nepi ka palebah dinya.
"Émut kénéh?" Ngolébat. Basa hiji mangsa kuring ngahaja néang panineungan. Teu loba nu robah, anger wéh jadi tempat barudak ngora barobogohan, pédah rada ka urus ayeuna mah, aya nu mernahkeun meureun. Gular giler panon teu di olian, barang ngalieuk ka tetelar nu kungsi diguratan ku ramo nu mucuk eurih téh. Teg! "Aya kénéh ning" Ngagerentes. Ecés kénéh seratana na LANTAZ, ngan aya nu numpangan deui ku tulisan TAI. "Éndah pan?" Galinggang seuri leutik ngaléng érmawar. "Kéhéd!" Ceukéng bari di rabut. Belewer!
Laju mindahkeun teuteup ka kembang érmawar, cucukna keur meujeuhna sareukeut "Muhun, da rasa mah moal bisa di robéda étéh, mung abdi isin. Da apan abdi nu tos nancebkeun ruruhit ka salira téh. Saatos abdi nyeuseup seungitna." Kekerét. Gagang ermawar dicekel, cucukna karasa ngarampa urat - urat leungeun, "Hapunten abdi nya!" Kerewek satakerkebek. Kulapés.

Minggu, 15 Januari 2017

Kékényos

Ngajanteng. Manehna neuteup lomari nu pinuh ku beungeut. “Make nu ieu sigana aya komaraan” Beungeut nu dibuntel sorban diragap. Dirampa, diulak - ilik, beungeut teh jadi katinggali goreng. "Wah, era dipikir-pikir mah, keur lain wayah" Sup deui kana parantina. Laju ngilikan nu sejen "Tah ieu keur tagogan ayeuna mah" Beungeut nu matak nyieun awewe pating jarerit, barogoheun. "Hmmmm sugan weh, heuheu" Gap, dicokot disidik - sidik. "Ketang sok riweuh ah dina teu katohyan geus aya salakianna na" Sup deui, diteundeun. "Tah geuning! Nu ieu deui ah, wibawana aya komarana aya, sok meunang proyek deuih nu ieu mah, hihi" Beungeut nu marahmay dicokot. Rap dipake. "Heueuh ieu mantes" Bari gulak - gilek, ngilikan "Smile you don't cry ceuk si sule ge. Hehehe" Manehna seuri bari ngeunteung, laju dikameja. Srot! Srot! Srot! Minyak seungit. "Berangkaaattt" Manehna ngulayaban nyacapkeun peuting dijuru - juru kota.
Lampu beureum. Srog eureun. Kaca mobil dibuka. "Bapak naha tengah wengi teu acan kulem?" Tanya wartawan tipi. "Nembe mulih rapat ieu teh lajeng weh sakantenan ngaloris rahayat" Tembal manehna seuri. "Teu ngange supir pribadi pak? Panginten cape?"  Tanya wartawan deui "Nuju gonongeun supir teh wayahna weh ku nyalira da tos kawajiban nepangan rahayat" Tembal manehna deui. "Leres pak! Wilujeng tugas bapa" Panutup kecap ti wartawan. Teu ditembalan, beungeut nu eta nembongkeun simana. Laju deui nyupiran mobil. "Ceuk aing oge. Untung make beungeut ieu, hade pisanlah. Sekarang waktunya hepan - hepan" Gerentes hatena. "Ping! Ping! Ping! Dimana keneh?" Pesan pribadi asup. "Antos geulis, nuju otewe" Tret! Kirim.
Sapeuting eta manehna sakama - kama, ngalajur hawa napsuna. Tepi ka ilang kasadaranna na.
Isuk isuk manehna dihudangkeun ku jelema jarangkung badag. "Ke ke ke, aya naon ieu teh? Saha salira? Malaikat? Ni asa rareuwas" Ceuk manehna bari seuri. "Sanes, kaula petugas pikeun ngajemput salira. Bapak tersangka korupsi" Tandes nu ngajemputna. "Korupsi nanahaon? Tembal manehna nu teu weuleh seuri "Hayu! Ngiring heula ka kantor engke diditu dipertelakeunna" Bari dijewang di iringkeun ku jelema jarangkung badag. Laju manehna kaluar rohangan geus meunang ngarompian. Buricak! Cekrek! Cekrek! Flash kamera wartawan motretan beungeutna. "Bere jalan! Bere jalan!" Ceuk tukang ngamankeun.
Dua poe kalarung manehna nempo warta, dina koran, dina headline media - media beungeut manehna dipajang. "KPK tetapkan bupati kekenyos sebagai tersangka korupsi" dibarung potret manehna nu keur marahmay. "Haduh! Aing salah make beungeut" Manehna nyegruk ceurik, anger seuri.