Rabu, 25 Januari 2017

Ruruhit nu nyungkelit

Satadina mah ngahaja dipopohokeun. Da pamikir mah asa kadongdora mun seug diinget - inget ogé. "Si enéng osok kénéh ngahubungan ka aa?" Pananya si umih dina telepon. Leng! Ingetan mancaura jadi silalatu haliber euntreup na hateup katineung, laun - laun jadi haseup anu ngelun, jegur! Ngabebela disajeroning dada. "Bulan - bulan ka pengker asana aya, tp ayeuna mah teu aya" Diwaler saayana. Laju ngobrolkeun nu séjén, bari pikiran mah mawa ka mangsa lawas, nyaba ngaliwatan deui jalan cagak nu baheula. Apan didinya pisan, manehna ngagurat tetelar jalan ku tipe-x LANTAZ, anu pihartieunna "Dahlan uNeng Tetap Abadi Zalawazna" Cenah keur totondén, yén urang pernah nepi ka palebah dinya.
"Émut kénéh?" Ngolébat. Basa hiji mangsa kuring ngahaja néang panineungan. Teu loba nu robah, anger wéh jadi tempat barudak ngora barobogohan, pédah rada ka urus ayeuna mah, aya nu mernahkeun meureun. Gular giler panon teu di olian, barang ngalieuk ka tetelar nu kungsi diguratan ku ramo nu mucuk eurih téh. Teg! "Aya kénéh ning" Ngagerentes. Ecés kénéh seratana na LANTAZ, ngan aya nu numpangan deui ku tulisan TAI. "Éndah pan?" Galinggang seuri leutik ngaléng érmawar. "Kéhéd!" Ceukéng bari di rabut. Belewer!
Laju mindahkeun teuteup ka kembang érmawar, cucukna keur meujeuhna sareukeut "Muhun, da rasa mah moal bisa di robéda étéh, mung abdi isin. Da apan abdi nu tos nancebkeun ruruhit ka salira téh. Saatos abdi nyeuseup seungitna." Kekerét. Gagang ermawar dicekel, cucukna karasa ngarampa urat - urat leungeun, "Hapunten abdi nya!" Kerewek satakerkebek. Kulapés.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar