Minggu, 15 Januari 2017

Kékényos

Ngajanteng. Manehna neuteup lomari nu pinuh ku beungeut. “Make nu ieu sigana aya komaraan” Beungeut nu dibuntel sorban diragap. Dirampa, diulak - ilik, beungeut teh jadi katinggali goreng. "Wah, era dipikir-pikir mah, keur lain wayah" Sup deui kana parantina. Laju ngilikan nu sejen "Tah ieu keur tagogan ayeuna mah" Beungeut nu matak nyieun awewe pating jarerit, barogoheun. "Hmmmm sugan weh, heuheu" Gap, dicokot disidik - sidik. "Ketang sok riweuh ah dina teu katohyan geus aya salakianna na" Sup deui, diteundeun. "Tah geuning! Nu ieu deui ah, wibawana aya komarana aya, sok meunang proyek deuih nu ieu mah, hihi" Beungeut nu marahmay dicokot. Rap dipake. "Heueuh ieu mantes" Bari gulak - gilek, ngilikan "Smile you don't cry ceuk si sule ge. Hehehe" Manehna seuri bari ngeunteung, laju dikameja. Srot! Srot! Srot! Minyak seungit. "Berangkaaattt" Manehna ngulayaban nyacapkeun peuting dijuru - juru kota.
Lampu beureum. Srog eureun. Kaca mobil dibuka. "Bapak naha tengah wengi teu acan kulem?" Tanya wartawan tipi. "Nembe mulih rapat ieu teh lajeng weh sakantenan ngaloris rahayat" Tembal manehna seuri. "Teu ngange supir pribadi pak? Panginten cape?"  Tanya wartawan deui "Nuju gonongeun supir teh wayahna weh ku nyalira da tos kawajiban nepangan rahayat" Tembal manehna deui. "Leres pak! Wilujeng tugas bapa" Panutup kecap ti wartawan. Teu ditembalan, beungeut nu eta nembongkeun simana. Laju deui nyupiran mobil. "Ceuk aing oge. Untung make beungeut ieu, hade pisanlah. Sekarang waktunya hepan - hepan" Gerentes hatena. "Ping! Ping! Ping! Dimana keneh?" Pesan pribadi asup. "Antos geulis, nuju otewe" Tret! Kirim.
Sapeuting eta manehna sakama - kama, ngalajur hawa napsuna. Tepi ka ilang kasadaranna na.
Isuk isuk manehna dihudangkeun ku jelema jarangkung badag. "Ke ke ke, aya naon ieu teh? Saha salira? Malaikat? Ni asa rareuwas" Ceuk manehna bari seuri. "Sanes, kaula petugas pikeun ngajemput salira. Bapak tersangka korupsi" Tandes nu ngajemputna. "Korupsi nanahaon? Tembal manehna nu teu weuleh seuri "Hayu! Ngiring heula ka kantor engke diditu dipertelakeunna" Bari dijewang di iringkeun ku jelema jarangkung badag. Laju manehna kaluar rohangan geus meunang ngarompian. Buricak! Cekrek! Cekrek! Flash kamera wartawan motretan beungeutna. "Bere jalan! Bere jalan!" Ceuk tukang ngamankeun.
Dua poe kalarung manehna nempo warta, dina koran, dina headline media - media beungeut manehna dipajang. "KPK tetapkan bupati kekenyos sebagai tersangka korupsi" dibarung potret manehna nu keur marahmay. "Haduh! Aing salah make beungeut" Manehna nyegruk ceurik, anger seuri.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar