Minggu, 20 November 2016

Ngadu Jajatén

Panon poé lingsir ngulon. Geleber Dugala maké ajian papatong konéng ngudag Pamatra nu maké ajian mérang awi katebak angin. Clé, duanana euntreup dina palapah gedang. "Dek kamana siah Pamatra! Sanajan nyumput kana genggerong naga, di leugleug siah jeung nagana ku aing!" Hahaok. Belesur! si pamatra ngejat ti hareupeun dugala. "Dinu lega jeung aing!" Tandaning duanana rék tanding. Dugala jeung pamatra geus saling hareupan, dua Jawara rék begalan pati. Jelema mingkin rabul, beuki euyah-euyahan. "Pék tah, di sagarakeusik, silih cacag sapaéhna" Patingcorowok.
Nu sawaréh nyarék "Mingké heula siah, nurut ka Aing" Ceuk salah saurang, bari ngahalangan. Laju, hiuk peureup ti ka jauhan digebegkeun ku si dugala. Nu ngahalangan ngacleng ka planét pluto. Si pamatra ngadepong, nyincet saeutik ka brajil. "Eédas! Ajian naon nu bieu dugala?" Pananya pamatra. "Ha ha ha! Ajian lémpar batu sembunyi tangan, hébatnya?" Témbal Dugala ngagulkeun kasaktiana na. "Lain hébat belegug! Teu keuna!" Tandes pamatra. "Héh? Nantang anjeun pamatra, ulah sambat kaniaya siah ku aing, rasakeun!" Belesur! Ti afrika utara jamparing harurung dileupaskeun tina gondéwa. Pating burisat muru puhu ceuli Pamatra. Pamatra kaperekpek temahna jadi kabulen ku haseup nu ngelun, hurung. "Ha ha ha! Modar siah ayeuna mah, teu kudu maké tanaga tarung jeung satria ngora tanduk modél sia mah" Dugala nulak cangkéng, bari ngécagkeun gondéwa "Teu acan!" Pamatra norobos kekebul. "Hébat anjeun! Bisa teu beunang ku jamparing aing hah!" Dugala olohok "Make ajian hapur beusi" Tembal pamatra.
Poé salin wanci, peuting geus mébérkeun jang-jangna. Nu lalajo beuki ngajarauhan.
Pamatra lumpat ti brajil sasieut ngarontok dugala nu di afrika utara. Jekuk! Peureup katuhuna nyayang dina beuteung dugala. Disusul ku peureup kéncana. Dugala ngelok, Plos! neunggeul angin. Dugala pukpék! Malik narajang, nojoan hulu angeun Pamatra. Brug! Nambru, ngalungsar, Pamatra ngised ka turki. Riey! Burial getih merebey tina sela-sela baham. "Can éléh aing!" Ceuk pamatra bari ngusap dada, mulihkeun kasaktianna. "Ha ha ha! Wani-wani siah ka aing, bisi hayang nyaho bieu téh ajian monyét ngemil. Tingal nyomot sia téh mun teu kaburu nambru mah, palastra siah!" Dugala méré iber. Pamatra nénjo pangawakan si Dugala ti turki. Laju cengkat, belesat! Ngaluarkeun pakarang, narajang. Treng! pakarang diadu, sakilat nojérkeun sukuna satakerkebek meneran kana palangkakan dugala, guprak! Meubeut. Dugala kekejetan nahan kanyeri, rénghapna ngahanju. "Bangsat! Deuh! Ngala si paul sia mah" U'ulukungan. "Dek kumaha ayeuna? Taluk? Atawa dipodaran sia ku aing?" Ceuk pamatra bari mesat pedang pusaka. "Cuih! Sudi teuing aing kudu taluk ka sia! Kéheulaanan" Dugala mencrong seukeut panon pamatra. Ciduhna mencrot meneran kana tarang pamatra.
Langit dumadak jadi beureum, pating burisat ngilatkeun kala. Kutub utara jeung selatan dumadak éncér, jaladri motah. Pamanasan global alatan amarah pamatra nu teu ka wadahan, pedang nu kari nemahkeun kana beuheung dugala, ngadadak lé'éh, kaduruk ku napsu nu ngagugudug.
"Gusti, moal pati-pati abi nemahan pati, lintang ti aya dina sadar jeung qadarna ti Gusti. Rumaos abdi éléh" Gerentes haté pamatra. Perang Bubar.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar