Jumat, 19 Mei 2017

Sasab ku polah sorangan

Lembur nu keur meujeuhna tiis tingtrim téh ngadadak geunjleung ku ayana nu cilaka lebah péngkolan. "Ceunah mah beuheung jeung sukuna misah" Ceuk Mang ohim ka baturna. "Muhun, teu kiat linu abdi gé mang, éta atuh leungeunna ogé kapanggih diwarung ceu opon keur ngeupeul géhu" Ceuk Jang endéd mairan. Kitu kurang leuwih guyurna eusi lembur.
Saprak kajadian tabrakan harita euweuh nu wanieun kumalangpreng tengah peuting, malah ronda ogé malipir teu wani ngalaliwat ka jalan péngkolan mah. "Hangru waé getih jang kadinya mah, keueung. Mening ka lebak, ngan kedah nyandak obor." Ceuk Hansip Entuy sanggeus kuring wakca yén rék ngaliwat ka péngkolan éta. "Oh kitu, nya wios mang, lahaola baé. Mangga dikantun mang" Pamit kuring bari neruskeun léngkah.
Anjog ka jalan cagak anu nyambungkeun jalan péngkolan jeung jalan satapak. "Duh, ka lebak poék, ka hareup keueung" Ngarandeg. "Nyéah da moal aya nanaonlah, bismillahi rohmani rohim, nyuhunkeun disinglar Gusti nu karitu mah. Amin" Gerentes haté ngawani - wani karep. Derekdek maca fatihah 7 balikan.
Tepung jeung péngkolan urut nu kacilakaan, dirérétan sabudeureunna, simpé, angin sumiliwir mawa seungit malati. "Srok!" Dampal suku dumadak lésang. Laju ditempo téh horéng keusik nu dipaké nyaeur getih. Bray! Kajadian nu geus kaliwat 3 poé katukang. "Didieu pisan. Ka jejek ku aing" Ngagerendeng. Rey, puringkak, séak! Lumpat sakalumpat lampét, teu nolih nu aya dihareupeun, didupak dirumpak. Sup ka buruan imah, brod! Panto ditubruk, plos kajero, purat pérot ngonci panto. "Alhamdulilah Gusti salamet" Bari ngusap dada tukangeun panto, rada reugreug. Kareureuhkeun téh hawa ngelekeb, tikoro garing, awak hanaang, balas capé, laju ulak - ilik. Ngajéngkang ka dapur, ngadongkang gelas kérélék cai minuhan gelas. Leguk! Nginum. "Alaaaahhh tiis kieu tikoro" Cag gelas ditunda. "Tok! Tok! Tok!" Sora panto diketrok. Gebeg! "Saha jam sakieu nu keketrok? Asa piraku nu namu?" Ngahuleng. "Moal kitu nu marakayangan? Tapi da ah! Amit - amit gusti!" Kasieun jeung kapanasaran ngajurung laku, keteyep ditoong tina hordéng, euweuh sasaha. "Tok tok tok tok tok!" Nu keketrok beuki kerep. Ditoongan deui. Weuleh euweuh sasaha. "Brug brug brug!" Beuki tarik. Uluh, gegedor euy ayeuna mah. "Nyéah mun enya téa mah ririwa, digelutan ku aing mah kagok!" Ngagidig ngawanikeun karep muru konci, laju dilaan, bray panto dibuka. "Ari sia saha kéhéd jol asup ka imah aing? Sia rék madog?" Jelema busekel sesentak. "Harrr! Ari aing di imah saha ieu?".

Tidak ada komentar:

Posting Komentar