Kamis, 16 Maret 2017

Miyuni sato

Manèhna teu inggis deui luncat ti tangkal ka tangkal, leungeun muntang ti règang ka règang, gugulawingan. Cle!̀ dina luhur kentèng. "Hèh? Siga lutung" Disidik sidik. "Sampurasun" Ceukèng rengkuh. "Rampès" Males rengkuh. "Hèh? Ning bisa ngomong?" Kuring gumerendeng, laju ditanya. "Kunaon anjeun aya didieu?" "Punten, di tempat kuring geus eweuh hakaneun" Jawabna nalangsa. Pikawatireun, "kèla sakedap" Ceukèng. Bari sup ka jero imah nèangan naon nu bisa di bikeun ka ieu mangkeluk. Kabeneran aya bontèng. "Ieu wèh, sugan beukieun" Bari gap di rawu. "Aya ogè nu kieu" Song di tambrukeun. Manèhna ngeteyep, tuluy di sogotan. Duh nyaah teuing. Sabot nempokeun lutung. Kapireng aya nu ting corowok lebakeun imah. "Aya?!" Sorana "Eweuh euy!" Ceuk baturna. "Bieu tèh kadieu" Manèhna mucunghul bari ulak ilik. "Aya naon kang?" Ceuk kuring satengah nyorowok. "Aya lutung bieu kadieu?" Tanya nu ngèlèk bedil. "Oh ieu nuju dipasihan bontèng" Tèmbal kuring. Lutung jongjon baè nyatu. "Eh! Halik urang bedil" Ceuk nu ngèlèk bedil. "Eh ulah watir! Da teu ngaganggu" Kuring nyarèk. "Urang nu tanggung jawab, sok sok bedil" Ceuk baturna mereketkeun "Deusss!" Pèlor tiis niruk walikatna. Lutung ngaced, kulapès, nambru, kekerejetan. "Geuwat peuncit!" Ceuk nu ngabedil. "Heueuh" Tèmbal baturna bari mesat bedog. Barang rèk dirampa lutung tèh ngorèjat deui, dumadak kukuna rancung, buntutna ngacung, sihung ranggètèng, buluna mamut, maluguran katebak angin, lutung bet ngudar kulitna. Jleg! Janggèlek jadi satria gandang, diraksukan sarwa bodas, rambutna ngarumbay diulinkeun hiuk angin "Guruminda!" Aki kuring nyelengkeung. Kuring jeung nu sejèna bati arolohok. "Enya! Mèmang kula! Sono ka aranjeun, anak-incu. Tapi aranjeun bet tèga ngarogahala" Guruminda dumareuda. "Aingah lain turunan monyèt. Ieu mah lutung kajajadèn!" Ceuk nu moro bari mecatkeun pèlor tina bedilna. Guruminda gogodeg. "Tingbelesur" Guruminda ditèmbak merekpek. Teu règ rog. Istuning rikat. Pèlor nu tingbelesur dikeupeul ku Guruminda, dipurulukeun jadi kekebul. "Aranjeun leuwih sato tibatan sato!" Guruminda nyupata sabot ngagebleg jadi sakeprul kekebul ngalayang ka alak paul.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar