Kamis, 16 Maret 2017

Miyuni sato

Manèhna teu inggis deui luncat ti tangkal ka tangkal, leungeun muntang ti règang ka règang, gugulawingan. Cle!̀ dina luhur kentèng. "Hèh? Siga lutung" Disidik sidik. "Sampurasun" Ceukèng rengkuh. "Rampès" Males rengkuh. "Hèh? Ning bisa ngomong?" Kuring gumerendeng, laju ditanya. "Kunaon anjeun aya didieu?" "Punten, di tempat kuring geus eweuh hakaneun" Jawabna nalangsa. Pikawatireun, "kèla sakedap" Ceukèng. Bari sup ka jero imah nèangan naon nu bisa di bikeun ka ieu mangkeluk. Kabeneran aya bontèng. "Ieu wèh, sugan beukieun" Bari gap di rawu. "Aya ogè nu kieu" Song di tambrukeun. Manèhna ngeteyep, tuluy di sogotan. Duh nyaah teuing. Sabot nempokeun lutung. Kapireng aya nu ting corowok lebakeun imah. "Aya?!" Sorana "Eweuh euy!" Ceuk baturna. "Bieu tèh kadieu" Manèhna mucunghul bari ulak ilik. "Aya naon kang?" Ceuk kuring satengah nyorowok. "Aya lutung bieu kadieu?" Tanya nu ngèlèk bedil. "Oh ieu nuju dipasihan bontèng" Tèmbal kuring. Lutung jongjon baè nyatu. "Eh! Halik urang bedil" Ceuk nu ngèlèk bedil. "Eh ulah watir! Da teu ngaganggu" Kuring nyarèk. "Urang nu tanggung jawab, sok sok bedil" Ceuk baturna mereketkeun "Deusss!" Pèlor tiis niruk walikatna. Lutung ngaced, kulapès, nambru, kekerejetan. "Geuwat peuncit!" Ceuk nu ngabedil. "Heueuh" Tèmbal baturna bari mesat bedog. Barang rèk dirampa lutung tèh ngorèjat deui, dumadak kukuna rancung, buntutna ngacung, sihung ranggètèng, buluna mamut, maluguran katebak angin, lutung bet ngudar kulitna. Jleg! Janggèlek jadi satria gandang, diraksukan sarwa bodas, rambutna ngarumbay diulinkeun hiuk angin "Guruminda!" Aki kuring nyelengkeung. Kuring jeung nu sejèna bati arolohok. "Enya! Mèmang kula! Sono ka aranjeun, anak-incu. Tapi aranjeun bet tèga ngarogahala" Guruminda dumareuda. "Aingah lain turunan monyèt. Ieu mah lutung kajajadèn!" Ceuk nu moro bari mecatkeun pèlor tina bedilna. Guruminda gogodeg. "Tingbelesur" Guruminda ditèmbak merekpek. Teu règ rog. Istuning rikat. Pèlor nu tingbelesur dikeupeul ku Guruminda, dipurulukeun jadi kekebul. "Aranjeun leuwih sato tibatan sato!" Guruminda nyupata sabot ngagebleg jadi sakeprul kekebul ngalayang ka alak paul.

Sabtu, 04 Maret 2017

Nimu Luang Tina Burang

Kiwari...
Urang didieu, poe ieu, lantaran ku ayana lalakon urang di mangsa ka tukang. Anu hade anu goreng geus tangtu, bungah jeung susah silih genti, anu mana nu ngancik kiwari kudu ditarima ku kasadaran jeung sadrah ka pangeran.
Syukuran kanu MahaNa, sangkan datang kasugemaan, boh ngeunaan nu geus ka hontal atawa nu rek dihontal ku urang lantaran manusa mah payus mun kasebutna "gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi", moal aya sugemana, moal aya wates rengkakna iwal ti kudu syukuran kanu mere hirup.
Ayeuna rek naon wae pagawean nu dilakonan, nu penting hade keur urang, teu ngarugikeun batur, teu papalimpang jeung agama katut darigama. Lakonan ku cara ikhlas, jujur, tur junun, teu kudu aral lamun manggih katugenah, dimana datang untung syukur, dimana panggih jeung rugi nya sabar, leukeunan weh sakumaha paribasa buhun "Ngeureuyeuh nikreuh sanajan bari pateuh yakin luhurna gunung bakal aya disahandapeun mumuncangan" luyu jeung katerangan pangeran nu netelakeun "Lamun keyeng tangtu pareng"
Yakin weh urang mah kana sagala katangtuan mantenNa, ulah kabawa ku sakaba - kaba, pigawe ku pinuh rasa tanggung jawab, sing bisa nyekel kapercayaan batur ka urang, ulah arek dilalaworakeun. Ulah pedah geus dibere kapercayaan jadi asal migawe, anguran mah jadikeun pangabdian, ngabdi kana jalan syareatNa, ngabdi kana jalan hakekatNa, sakumaha karuhun urang nyontoan yen pagawean teh dijadikeun "cukang lantaran keur ibadah" dibarengan ku miharep ridho nu kawasa, kadituna moal sasab mikiran nu henteu - henteu, komo nepi ka dudupak rurumpak, wani cocorokot kana hak - hak batur, ngahalalkeun sagala rupa cara ngagugu nafsu saliwatan, saestuna eta teh kahayangna setan.
Jeung deui, teu kudu dumasar kanu geus kungsi kacekel ku urang wae pagawean teh, tapi naon weh anu rek atawa keur di pigawe ayeuna jadikeun media pikeun urang ngasah bakat jeung ngulik pangarti, ngolah pangabisa, sangkan ngajadi cecekelan/kaahlian urang, lantaran cenah ti mimiti urang gumelar ka pawenangan teh geus dibekelan kabisa sewang - sewang anu kudu dipanggihan "dipanggihan nya! lain datang sorangan".

Cindekna diri urang jadi ngarti, ka asah ku pangabisa, ka sipuh ku pangaweruh, kadituna nu jadi udagan geus lain deui banda pangaboga tapi sakumaha manfaatna awak urang keur balarea. Sabab eta jerona awak manusa mah, "manfaatna". Cag ah. Rampes!