Kamis, 03 Agustus 2017

Ngajul Bulan

Disarakan langit lenglang, bulan ngabelenyehkeun imut, kawas anjeun! Bentang tingkariceup hayang eunteup, ngariung hayang tepung. Nu deukeut ukur ngaraga meneng. Nu jauh geus ngangluh. Biheung bisa amprok.
Bulan beuki anteng jeung imutna, disimbutan mega bodas, mega bodas kameumeutna. Nu dareukeut ukur bisa maling teuteup, nu jarauh mingkin heureut. Bulan geus di bulen, belenyehna ilang dikerekeb mega bodas, haseupna ngelun ka sabudeureun peuting, tobros ka poekna.
Lampu jalan cirambay, siga nu peurih kasaput haseupna mega bodas, lain! Tapi milu manghandeueulkeun ka nu ngangres disatengahing peuting. Kawas aing!

Duriat Nalaktak

Ngahurung balung ku tulang. Léngkah pugag, geus teu nyaho kudu kumaha deui pilampaheun. Rék wera, wera kumaha? Puguh haté teu weuleh léah. Rék ngejat, ngejat kamana deui? Sidik diri dikukuntit baé. Disieuh sieuh ngadon maneuh, dititah indit ngadon meulit. Bakating rungsing mah beunang dikerewek, tuluy dipékrék meunang sababaraha kali, dibadé badé téh bubuk, héh! Teu régrog, ngadon merejel deui. Dibabétkeun ngadon malikan cléng kana kongkolak panon, tuluy gugulantungan dina lalangit pikir, aclé - acléan dina embun - embun lamunan. Lain embung kapiluan, aya ku ayana kalah nyiksa, dipihapékeun ka wanci kalah motahan saban lulurung simpé, reup peuting teu weuléh ngangkir ngimpi, bray beurang teu weuléh ngondang gundam.
Dipulangkeun kanu jadi sabab, majar salah sorangan. Harrr.. Kumahakeun atuh? Diantep ngadon ngahanakeun, bungbeng matak baluweng, nénéangan cara kumaha ngarah sirna.
Teg! Inget, "Moal aya jajadian lamun teu aya nu ngajadikeunna na." Sanggakeun. Tengah peuting jemplang jempling, kulisik nyaring. "Nun Gusti, rungkadkeun mangandeuh duriat nu nyamuni dina gilir wanci" Duriat ngajaul, ngabelesur ka luhur langit dianteurkeun ku sujud sadrah.