Rabu, 04 Juli 2018

Wpurnaw

Diri katalikung gandrung
Galindeng lelembutan saukur jadi panglipur
Nalika teuteup teu bisa ngabeberah manah nu marudah
Teu kawas keur deukeut
Salempay kadeudeuh sok disolendangkeun dina beuheung
Atanapi ditiungkeun ka salira nalika hujan miripis alit
Kiwari, ngan kaduga nganteurkeun deudeuh liwat runtuyan aksara jeung rumpaka du'a
Kasono teh ngan sawates jempol leungeun ngeserkeun potret ka potret

Indung!

Duh indung
Rumasa putra sok pangaingna
Nyarios nyoroscos siga nu nyarioskeun pangaos
Padahal indung nu dipayun
Nu payus kenging papayung ti putra nu kantos di kandung
Duh indung
Nu ngaraksa ngageuing putra
Sanaos putra tos capetang nyarioskeun dunja
Anjeun teu weuleh rumahuh nalika putra pendak sareng bangbaluh
Nu sok melang nalika putra teu mulang
Nu dipikageuleuh nalika putra mendak kageuleuh
Nya indung
Nu teu kendat ngadu'a
Asihna deudeuhna teu kedah dimang-mangan deui
Ok

Rabu, 18 April 2018

Toroktok cuanki

Duh... Tukang cuanki pangdugikeun ieu sono ngalangkungan toroktokna sora kokol nu ditakol, mugia janten wirahma tresna nu anger ngagalindeng nalika salempay kasimpe nyimbutan manehna.
Tukang cuanki... Lamun pareng ngalangkung ka buruan hatena, harewoskeun ieu talatah, yen diri lir kuah nu leungiteun samara, tiis lir cuanki teu ngangge saledri.
Sanaos diri mah abot nananggung rancatan katineng, nanging moal bade baha pikeun tumerus kokotetengan nakolan mangkok waktos.
Aminkeun tukang cuanki... Pamugi terengtengna asih kuring dumugi ka lebah lahunan sanubari manehna.

In memoriam Kembang Manah

Bray beurang
Ngudar lamunan lawas kapapanjangan
Angin ngahiliwir
Ngusap hate nu angar kahalodoan
Basa panon bolotot neuteup langit
Imut anjeun kumalangkang diantawis mega-mega
Imut nu harita jadi ubar kalungse
Imut nu baheula jadi palipur katugenah
Imut nu kiwari taya dikieuna, imut nu kudu mulang deui ka sarakan asihNa pangeran
Imut anjeun indit, dijajap ku manglaksa doa
Ninggalkeun seungit kembang-kembang panineungan
Diluhureun taneuh beureum
Kuring teger nanangkeup tetengger
Dibarung keprulna cai kacinta
Pileuleuyan nung!
Anjeun teu leungit
Salawasna anjeun aya dina getih, dina hate, dina doa, nu salawasna ngocor jadi panineungan kuring jeung anjeun.

Minggu, 26 November 2017

Drakuli

Sariak layung ngempur hurung nyaangan unggal lulurung
Waktu layung undur ti lembur
Cirining burit manjing ka peuting
Diantara jalma nu keur mapag impianna sewang-sewang, aya jirim lalaki nu lilir tina sarena. Kahudang ku hawa aheng nu nyimbutan peuting harita. "Naha peuting teh asa beda ti sasari, bet asa hareudang karasana" Galecok hatena. "Meuli teh sisir gula batu seger sigana. Enya ah, sugan aya warung nu buka" Gerentesna.
Sihoreng ki ahmad, lalaki tengah tuwuh, nu keur kaeunteupan ku rasa hanaang tengah peuting harita, manehna nguniang hudang bari ngadongkang cangkir, leguk nginum. Jung nangtung nu diteruskeun ku leumpang kaluar ti imahna, teu poho kretekna diseuneut heula, laju ngalampah. Ki ahmad ngingkig ka warung nu di tuju, tapi teu bisa ngantep batinna anu ngarasakeun geteran yen peuting harita aya hawa anu beda. "Duh, enya. Siga aya kila-kila datangna bahaya. Tapi naon? Deuh! Nyaan udud karek tilu kenyot jol rag-rag deuih!" Galecok jero hatena nu dieuntreupan ku kasalempangan.
Lengkah manehna kandeg lebah gedong sigrong nu keur diomean wangunanna, rentang-rentang kaciri aya dua jirim nangtung bangun siga nu keur nandangan kabingung, tuluy disampeurkeun ku ki ahmad bari ditanya. "Keur naraon tengah peuting kieu ngajarentul diluar jang? Siga nu bingung" Tanya ki ahmad neuteup ka eta dua jirim dihareupeunnana. "Heh... Geuning ki ahmad. Leres aki, abdi abdi teh nuju bingung, manawi atuh aki tiasa nulungan" Ceuk salah sahiji jirim nu nyatana eta dua jirim teh ngarana empep jeung ijon. "Menta tulung naon ieu teh? Asa ku rareuwas kieu dewek mah." Tanya ki ahmad semu heran. "Kieu ki ahmad, di lebet aya rerencangan abdi si odon nuju ngalempreh, paripaosna siga nu teu aya tulangan warugana teh, ari nu jadi marga lantaran nyaeta diseueup kesangna ku mangkeluk anu katelahna drakuli" Kitu ceuk empep nu dibarengan ku unggeuk ijon tanda ngabenerkeun eta kajadian. "Ke.. Keee.. Drakuli? Saha drakuli teh? Asa karek ngadenge dewek mah" Tanya ki ahmad bari kerung. "Muhun drakuli, mangkeluk nu jadi teror di ieu lembur, tukang nyeuseup kesang batur ki. Itu oge batur abdi si odon nuju masang gipsun diseuseupna teh da panginten luut-leet kesangna" Tembal empep ngajentrekeun. "Malah ari saur nu kantos janten korban mah waruga nu tos diseuseup kesangna teh bakal ngarasa leuleus, teras nyaliara janten panyawat tipes ki, kawilang seueur korbanna oge" Ceuk ijon mairan. "Oh kitu nyah, hmmm... Teu bisa diantepkeun ari kitu mah. Kudu di tindak, jang!" Tandes ki ahmad. "Muhun ki, aya eta oge sawatara jalma nu moro ka eta mangkeluk teh tapi teu wae nimu hasil nu dipiharep, nyaeta bisa leupas wae ki, lingas ki." Ceuk ijon neuteup seukeut ka ki ahmad. "Hmmm.. Memang bakal rada hese nundukeun eta mangkeluk teh jang, kudu ku jalma nu pinuh ku elmu jeung jembar pangartina" Tembal ki ahmad nu geus bisa nyawang yen eta drakuli teh lain mangkeluk samanea nu bisa disinghareupan ku jalma-jalma biasa. "Ayeuna mah kieu weh, batur hidep si jang odon sina ngambeu cai molto, tah salah saurang wayahna gedor bah somantri, bejakeun weh sakumaha kajadiannana, abah somantri nyaho ubarna" Parentah ki ahmad ka empep jeung ijon, nu duannana unggeuk tanda kaharti. "Tah ayeuna dewek deuk ngudag eta mangkeluk drakuli tea, sugan can jauh inditna. Sugan jeung sugan aya milik pikeun nundukeun eta mangkeluk teh, pidu'ana wae ti maraneh nyah" Ki ahmad neruskeun caritaannana. "Muhun ki, didu'akeun pisan. Kade aki sing ati-ati" Ceuk empep ngawanti-wanti. "Heueuh. Heug nyah, aki deuk indit heula yeuh" Pamit ki ahmad ka empep jeung ijon bari ngabengbeos lunta ti eta patempatan.
Peuting beuki jempling, sabangsaning papaes peuting nu biasa nyaring bet ngahephep simpe, siga nu surti yen bakal aya kajadian nu matak bahaya pikeun eusi pilemburan. Tapi naon?
Teuing... Saukur sora dampal sendal indian nu silih gesrek jeung taneuh garing nu baris nyaksian eta kajadian. Nyatana eta sora sendal teh sora sendal ki ahmad nu leuwih gancang batan tadi lengkahna...

Anjog ka tengah tegalan, taneuh lega paranti arulin barudak mangsa beurang, harita ki ahmad keur menekung kanu maha agung, muja brata ka hyang maha sukma, muserkeun tanaga bari dirina tetep sayaga bisi aya jirim nu narajang ngabongohan.
Cekesss! Wush... Ki ahmad laju nyeuneut kretekna. Keur jelema nu geus nyaho ka ki ahmad mah moal heran deui lamun nempo ki ahmad mangsa patutunggalan jeung lawanna sok bari ngelepus udud, lantaran dina sabagean elmuna aya jurus ngabuleud-buleud haseup, nyaeta elmu hasil tina neuleuman elmu abahna nu katelah abah sadeli. Ki ahmad ngareret ka sakuriling eta tegalan, tuluy ngadapang ngawangun leungeun kenca katuhuna mancuh dina luhur taneuh, bari biwirna nyapit udud, ki ahmad lalaunan naek turunkeun awakna. Lantaran geus kajudi ku ki ahmad, pikeun ngondang eta mangkeluk drakuli teh kudu ngaluarkeun kesang anu kacida lobana. Bener weh, sanggeus ki ahmad pus-ap aya kana limaratus kalina, aya kalangkang hideung anu jojorelatan ngurilingan tangtungannana, nu moal bireuk deui yen anu jojorelatan eta teh nyaeta mangeluk nu katelah drakuli. Ki ahmad kaciri nguniang hudang, jung nangtung ngajegkeun deui awakna.
Sora anying kapireng babaung silih tembalan sapada harita, bareng jeung belegbegna hiji jirim nu katelah drakuli ngabedega. "Saha andika hmh? Naon pangna ngondang kula ka ieu tempat?" Ceuk drakuli handaruan. "Ehmh, kuring nu katelah mah ahmad. Dumasar kana beja nu katampa, aya nu deuk dipastikeun ku kuring, cenah anjeun anu sok nyeuseupan kesang batur teh, naha enya?" Tanya ki ahmad neuteup seukeut. "Memang heueuh. Ngan lain urusan andika, montong coba-coba milu kana urusan kula!" Tembal drakuli nembongkeun paroman beungeutna anu barangasan "Hampura weh ayeuna mah geus jadi urusan kuring. Sabab kuring moal mikeun lamun aya deui korban tina laku anjeun anu sakur nebarkeun mamala ka sasama" Ceuk ki ahmad nu bentik curukna nunjuk ka drakuli. "Jha ha ha... Oh teu narima nyah? Jh jha ha ha... Sia ayeuna mah nu kudu diseuseup kesangna teh hah!" Ceuk drakuli nu mimiti kahudang amarahna. "Ulah waka kuring, tuh seuseuhan kuring ge satambruan ari enya mah beuki kana kesang" Ceuk ki ahmad ngahaja sangkan kahudang amarah nu jadi lawan. "Set*n teh! Nganggap tungeu ka aing hah? Ngahina sateh ka aing? Cucungah siah!" Drakuli beuki ngentab amarahna, sihungna kaciri ranggeteng, huntuna kekerot. "Sok maju, kuring mah seja ngabela bebeneran" Ceuk ki ahmad bari nyintreuk calacah ududna "Nyeah loba sungut siah set*n! Sok ketrukeun pangabisa sia teh, tadah yeuh panarajang aing" Tembal drakuli nu saacan narajang teh nyelang ngareret heula ka ududna ki ahmad.
Drakuli kaciri awakna jojorelatan dina elmu cucunguk hibeur, ki ahmad oge ngawangun tangtungan pikeun nadah panarajang nu jadi lawan dina elmu rungkup sair. Sieut! Sieut! Hap! Hap! Sieut! Hiat! Diluar sangkaan ki ahmad, si drakuli ngagabungkeun elmu cucunguk hibeurna jeung elmu emak-emak naek metik, gabungan dua elmu anu kacida teu bisa ditebak panarajangna ku ki ahmad, nu antukna ki ahmad kapalingan reret, atuh tangtuna weh jadi peluang pikeun drakuli ngasupkeun teunggeulan leungeun kencana dina iga burung lawan, ari leungeun katuhuna harita sakocepat nyamer udud tina ramona ki ahmad. Hap! Sieut... Jekuk! Seut! Jengkang... Ki ahmad ngajengkang katukang, tapi teu lila nguniang hudang deui bari muringis "Tetela, elmu si drakuli memang lain elmu biasa, kacida cepetna narajang ka dewek, malah udud dewek bisa disamer ku manehna. Ehmh, nyaan dewek kudu leuwih waspada ieu mah" Ceuk ki ahmad ngagerentes jero hatena. "Karasa siah ahmad? Jha ha ha.. Ieu jimat sia teh hah? Geus kapaling ku aing ayeuna mah. Jha ha ha.. Beuki samsu ning?" Drakuli nyakakak bungah lantaran ududna ki ahmad geus aya dina kawasa ramona. "Memang, dewek mah samsu wae ti bubudak, malah sakapeung osok oge meuli garpit, tapi teu siga anjeun ngalinting kuntung sesa peuting" Tembal ki ahmad ngahaja sangkan nu jadi lawan kahudang deui amarahna. "Gobl*g! Teu sudi abrig-abrigan teu suka aprak-aprakan aing dijejeleh ku jelema model sia hah!. Peuh! Ku aing balikeun deui yeuh jimat sia teh!" Drakuli nyiduh kosong bari ngabetrikeun udud ka ki ahmad. Cleng! Wzwzwzwz.. Hiat! Plos. Ngeplos. Sabab ki ahmad kaburu luncat dina elmu pancir birit. "Jha ha ha... Dengekeun ku sia ahmad! Pokona mah pikeun saha wae nu ngahalangan pamaksudan si drakuli, wajib diala pati!" Ceuk drakuli neruskeun caritaannana. "Ehmh, pikeun kuring moal serab atawa jejerih ku pati mangsa adu hareupan jeung anjeun, sabab kuring yakin gusti anu ngersakeun sagalana." Tembal ki ahmad anu sadrah sumerah ka nu kawasa.
"Nyeah! Loba pepeta siah bangs*t! Geura sambat kolot sia sabab peuting ieu peuting pamungkas pikeun hirup sia ahmad! Jha ha ha" Ceuk drakuli nu geus yakin elmu nu dicangkingna baris bisa maragatkeun nyawa nu jadi lawan. "Teu kabeuratan pikeun simkuring, ayeuna urang buktikeun... Kuring atawa anjeun anu bakal ngarasakeun hirup anu panungtungan" Tembal ki ahmad tandes.
"Nya tangtu siaaa ahmad! Tadah yeuh!" Tembal drakuli nu teu nunda waktu deui pikeun narajang nu jadi lawan, malah ayeuna mah manehna teh hayang langsung ngadu kakuatan tanaga jero ngaliwatan elmu tepak reungit. Ki ahmad gancang nadah panarajang ti nu jadi lawan dina elmu sarining sopel anu ngahasilkeun sakujur awakna dikuriling ku hawa anu peuheur karasana. Jorelat, jleng! Hiuk! Wuuussssssshhhhhhhh!

Dina mangsa lumangsungna tarung antara ki ahmad jeung drakuli, di hiji tempat anu lian, abah somantri sasatna keur ngubaran odon nyaeta baturna empep jeung ijon. Kaciri biwirna abah somantri gegerenyeman, mapatkeun jampe ka odon anu jadi korban katelengesan mangkeluk, anu katelah drakuli "Cik menta cai kana gelas jang" Ceuk abah somantri sarengsena jajampean. Ijon teu ngaengkekeun deui, manehna langsung indit nyokot cai ka tukang. "Ieu bah" Sor cai ka abah somantri. "Cai naon ieu?" Talek abah somantri ka ijon. "Cai leueuteun bah" Tembal ijon pendek. "Heueuh, abah geus garing tikoro ieu ti tadi teh" Ceuk abah somantri bari leguk nginum. "Tah ieu, siki hajeli. Goreleng-goreleng weh kana sakujur awakna nya" Abah somantri nyarita deui bari kusiwel nyokot siki hajeli tina saku bajuna. Empep nu nampanan tuluy langsung ngagoreleng-goreleng siki hajeli ka awakna odon, sanajan dina hatena mah nganaha-naha, naha make jeung kudu ku siki hajeli, tapi ari betus mah henteu ngan saukur delek-delek weh dua panon empep ka abah somantri. "Montong loba mikir sarkapep! Abah mah geus leuwih nyaho deuleu" Ceuk abah somantri muncereng ka empep. Empep ngeluk tungkul balas ku reuwas, sabab abah somantri geus nyaho kana eusi pikirna. "Gugu weh pep" Ceuk ijon nyiku leutik ka empep.
Sarengsena siki hajeli digoreleng-goreleng ka sakujur awakna odon, abah somantri laju nyarita deui "Geus cukup, tungguan weh ubarna sina rerep" Ceuk abah somantri ka empep. Empep teu nembalan, ngan saukur ngeser diukna ngadeukeutan ijon. "Abah bade ngopi?" Ceuk ijon nawaran. "Komo jang, ngan teu mawa ududna abah teh tadi rurusuhan atuda" Tembal abah somantri rumpu-rampa kana pesakna  "Nyondong ieu bah sesepeun mah" Empep mairan bari sor udud ka hareupeun abah somantri. "Heueuh atuh, cikan kopina kadieukeun jang" Ceuk abah somantri ka ijon. "Sakedap bah, da teu acan ninyuh" Tembal ijon bari cengkat laju ka tukang. "Aeh acan. Ieu weh heula atuh nya" Ceuk abah somantri deui bari gep kana udud, cekes, bul bul bul abah somantri ngaluarkeun haseup tina biwir jeung irungna. "Abah sedep bandros?" Ceuk empep nanya. "Nya komo jang" Tembal abah somantri teu kagok deui. "Sami abi ge bah" Ceuk empep ngabelengeh. "Bebel siah. Sugan teh aya, boro pantes jeung kopi hideung mah, tegep" Abah somantri satengah miharep. "Hehe... Hapunten abah, si kapep mah tukang ngeleg" Ijon nyampeurkeun bari mawa kopi ti tukang, laju di teundeun dihareupeun abah somantri. "Ah keun bae, da teu angapan abah mah,heuheuheu" Tembal abah somantri bari gap kana gelas cikopi, laju disuruput lalaunan.
Wanci nincak janari leutik, harita abah somantri, ijon, jeung empep, ngemitan odon nu keur katarajang racun si drakuli, bari ngawangkong ngaler ngidul anu sakapeung diembohan ku babanyolan. "Sanes bah, da ayeuna ki ahmad teh nuju mayunan mangkeluk drakuli tea, kumaha tah saur abah?" Ceuk ijon tumanya ka abah somantri. "Abah mah percayalah ka ki adi, manehna pasti sanggup ngungkulan eta mangkeluk drakuli teh, tapi nya kitu moal ku waktu anu sakeudeung jeung tanaga anu saeutik jang" Tembal abah somantri neundeun kayakinan kana kaayaan ki ahmad. "Naha nya bah ayeuna mah asa araraneh kajadian di lembur urang teh?" Empep ayeuna mah nu nanya. "Eh, apan di dunya jang, ulah aneh kade, romantika kahirupan eta teh. Ngan sakabeh kajadian, moal jadi tanpa sabab, pasti aya sabab jeung jalan kaluarna sewang-sewang eta mah" Tembal abah somantri deui. "Kumaha saupamana ki ahmad anu eleh bah? Meureun mangkeluk barangasan eta teh beuki tanasa ka papada urang?" Empep ngebrehkeun kasalempangna. "Atuh keun wae, apan tadi tea ceuk abah, sakabeh kajadian aya jalan kaluarna, ku saha bae, ku naon bae, jalanna mah. Tah didieu hidep kudu ngarti, pangabisa maraneh teh lain keur agulkeuneun, tapi keur pakeeun, nyaeta pake keur tutulung kanu butuh, tatalang kanu susah." Tembal abah somantri nu teuteupna silih genti ka empep jeung ka ijon. "Maksadna bah?" Tembal empep teu ngarti. "Kieu upamana, hidep bisa masang palapon, tah kabisa eta teh pake keur kanu butuh. Ayeuna moal mungkin, hidep manggih nu keur ngawinkeun jol terekel weh kaluhur ngarak-rak palapon imahna, meureun teu dibuburak kunu boga hajat...heuheuheu" Tembal abah somantri nu seuri bari ditungtungan ku ngehkeh batuk. "Oh... Enya, enya" Tembal empep geus kapikir.
Ari harita ijon mah saukur serengeh-serengeh weh ngabandungan baturna nyaeta empep keur ngobrol jeung abah somantri teh, hatena can bisa reug-reug sabab baturna hiji deui nyaeta odon masih keneh dina kaayaan mangsalempangkeun.
Barang keur uplek ngarobrol, tiluannana digareuwahkeun ku sora odon anu ngagarawak "haluuuhhh, halaaahhh..." Tiluannana kaciri ngarenjag reuwas, tapi abah somantri mah geus rikat, manehna langsung nyampeurkeun ka odon. Tel leungeunna abah somantri kana tarang odon. "Istigfar jang. Sok istigfar" Ceuk abah somantri bari nungtun odon ngedalkeun asma-asmana pangeran. "Kumaha bah ieu? Moal nanaon?" Ceuk ijon panasaran kana kaayaan baturna. "Moal jang, sok weh ngadaru'a. Ieu keur tarung yeuh ki adi jeung mangkeluk drakuli teh, pangaruhna nepi kadieu ka awak batur ujang." Tembal abah somantri nu geus bisa maca kana kaayaan odon. Harita ijon jeung empep silih reret, dina teuteup anu pinuh kasalempangan.
Nyatana enya weh nu kasawang ku abah somantri teh, di tempat lumangsungna tarung ki ahmad jeung si drakuli kaciri dua jirim pada-pada ngadayagdag katukang, alatan kapentalkeun ku bantrokan kakuatan tanaga jero anu sarua kuatna.


Harita ki ahmad rikat nutup peluang keur nu jadi lawan pikeun ngalakukeun panarajang susulan, sanggeusna mundur katukang manehna gancang ngawangun deui tangtungan dina elmu ngisikan beas, dampal sapasang leungeunna meber bari ngayapak kasisi kagigir. Hiaaaattt! Wusshhh! Dua leungeun ki ahmad mentangkeun panarajang ngaliwatan tanaga jero anu kacida tohagana. Tapi si drakuli teu polos kitu wae, ti barang datang ka eta patempatan dirina geus sayaga ku tanaga lapisan dina elmu teu kabagean jok, nyaeta mangrupa elmu tanaga jero pikeun ngalapis diri sangkan tangtungannana teu oyag sakumaha kuatna panggedor lawan. "Cilaka.. Elmuna si ahmad memang lain bantrak-bantrakeuneun yeuh. Mun seug aing teu dilapis ku elmu teu kabagean jok, teuing pikumahaeun nasib aing ayeuna, untung weh aing geus nyangking sakabeh elmu nu diturunkeun ti ka kang kanta kendekurnia nepi ka puncakna, lamun hanteu mah wah cilaka" Ceuk drakuli ngagerentes jero hatena bari nyawang kaayaan guruna anu tara leupas tina anduk leutik kameumeutna. Sabalikna ti eta, ki ahmad geus ngageter hatena, malah kasalempangan teh geus atra narembongan ayeuna mah. Sabab si drakuli bisa nadah panarajang elmu ngisikan beasna anu mangrupa elmu matih pikeun nambrukeun lawan sakumaha jagona. "He'eh, nyaan si drakuli teh, mangkeluk nanahaon ieu teh bisa tahan tina elmu matih nu biasa matak nambru sakumaha kuatna lawan. Tetela... Dewek kudu ngetrukeun sakabeh elmu ieu mah, pikeun ngungkulannana" Gerentes ki ahmad nu dibarengan ku robah paroman beungeutna, nandakeun yen manehna keur tatan-tatan rek mentangkeun elmu muara kasih bunda, nyaeta puncakna elmu tina elmu-elmu nu geus kacangking ku manehna. Leungeun kencana tetep panceg dina elmu ngisikan beas, tapi nu robah teh leungeun katuhuna ayeuna mah jadi masekon katukang, teu lila ki ahmad nyoara bari ngekedkeun dampal dua sukuna "Hmmmhhh.. Hmmmhhh.. Hut! Hiaaatttt!" Wusshh! Kolenyay! Cahya bodas kaciri nyurungkuy tina leungeun kencana nu ngageter melesat narajang ka nu jadi lawan. Wzwzwzwzwz... Teb! Teb! Teb! Sroookk.. "Owadoooohhh"  Si drakuli ngagarawak tarik bari ngajengkang katukang. Awakna nyangsaya dina amparan taneuh nu ngagurat alatan milu kabawa ku kakuatan tanaga jero anu dipentangkeun ku ki ahmad. Berebey getih moncor tina sela-sela biwirna, nandakeun yen manehna tatu di jero anu cukup parna. Drakuli kaciri renghap ranjug ngatur napasna bari ngadangahkeun beungeutna ka ki ahmad. "A-ing! Can e-leh ah-mmmad. A-ing can e-lehhh. Mem-mem-memang hmmhh sia ung-gul ayeuna. Tapi, hmhh tapi hmmhh can ang-anggeus ahhh-mmmadd. Dina, dina, dina mang-sa nu bakal datang, ai-ing bakal neang-an deui sia ahhh-mmmaddd" Kadenge si drakuli bisa keneh nyarita sanajan pegat-pegat. Sanggeusna nyarita si drakuli nguniang hudang, jorelat, jleng! Jleng! Jleng! Ngejat ninggalkeun eta patempatan. Ki ahmad ngan ukur ngarahuh bari mencrong ka tapak si drakuli nu geus leungit jirimna dileg-leg mongklengna janari, manehna sadar, dalah masing diberik sakumaha tarik oge bakal kandeg ditengah jalan, sabab dina mangsa ngawangun jeung mentangkeun elmu muara kasih bunda, kawilang teu saeutik ki ahmad ngetrukeun tanaga luar jeung jerona, nu antukna ki ahmad jadi beakeun tanaga.
Mangsa pepedut hideung nyingray ka sapih balebat nu ngembang ti belah wetan.
Ki ahmad masih keneh ngajanteng di eta tegalan, nengetan tapak lacak sesa bantrok kakuatan peuting harita, aya dua rasa nu ngancikan hatena, antara reug-reug jeung salempang. Reug-reugna nyaeta mangkeluk nu katelah drakuli teh geus nyingkah ti pilemburan, ari salempangna, salempang mangkeluk drakuli teh baris balik deui ka eta pilemburan pikeun males pati ka manehna. Tapi ki ahmad ngayakinkeun dirina. "Moal ah, moal mungkin balik deui, sabab tatuna oge kawilang parna, biheung cageur dina waktu nu tereh-tereh, jeung biheung deuih bisa cageur kawas mula." Gerentes ki ahmad jero hatena. Ngong adzan subuh ti tengah lembur, ki ahmad ngalengkahkeun sukuna ninggalkeun eta tegalan, niat rek meuli teh sisir gula batu mah sirna weh sigana teh, tapi teu ieuh jadi soal, malah aya rasa reueus dina jero hatena, lantaran bisa maneurikeun kahayang dirina pikeun ngutamakeun kapentingan balarea.

Cag ah, rampes!

Rabu, 04 Oktober 2017

Kila - kila

Jaladri kahirupan boga carita sewang - sewang, peuting jeung petengna, beurang jeung caangna.
Dina sela - sela tingcakakakna mangkeluk peuting, disaksian bulan narawangan, diri dipangpengkeun kana dadasar laku lampah sorangan. "Horeng enya ditalikung haliah dunya hungkul" Teu bisa kumaha, dibeulit mangrupa - rupa kahayang fana, pupulasan. Rek balik deui ka temah wadi, nyoba hanjat ka wiwitan, teu bisa! Lengkah geus dicangreud pangbibita anu matak nyiksa. Antukna ngagejebur kana sagara kanikmatan nu senyana tatu keur diri sorangan. "Kumaha?" Simpe. Ukur sora nu tingcakakak beuki aweuhan.

Kamis, 03 Agustus 2017

Ngajul Bulan

Disarakan langit lenglang, bulan ngabelenyehkeun imut, kawas anjeun! Bentang tingkariceup hayang eunteup, ngariung hayang tepung. Nu deukeut ukur ngaraga meneng. Nu jauh geus ngangluh. Biheung bisa amprok.
Bulan beuki anteng jeung imutna, disimbutan mega bodas, mega bodas kameumeutna. Nu dareukeut ukur bisa maling teuteup, nu jarauh mingkin heureut. Bulan geus di bulen, belenyehna ilang dikerekeb mega bodas, haseupna ngelun ka sabudeureun peuting, tobros ka poekna.
Lampu jalan cirambay, siga nu peurih kasaput haseupna mega bodas, lain! Tapi milu manghandeueulkeun ka nu ngangres disatengahing peuting. Kawas aing!