Angin ngagelebug meupeuskeun kasimpe. Keclak hujan ngawirahma mawa lamunan ka mangsa lawas.
"Beda jauh mun seug di sajajarkeun jeung kayaan kiwari. Geuning runtuyan waktu terus maju. Teu bisa diengkekeun deui. Duh, jadi sono kana kaayaan tujuh ratus taun ka tukang, mangsa kuring meujeuhna gandang, can balangsak kawas ayeuna, harita mah dipuja dipunjung teh bener bener, naon nu dipika butuh ku mahluk dunja ditedunan bae. Teu kawas ayeuna, geus teu di reret, geus karancang, geus teu bisa usik usik acan, hirup dipaku jadi tihang, tp keun wae da manpaat keneh, ngan paling hoream mun geus dipake panyusutan korong, geuleuh."